Nuhun & amin.

 

Ari tekor mah tos biasa. haha. da ongkoh ditoong tina RAB ne ge kitu.
Heuheu. Bisa diitung kasar model pemborong kitu. Sameter nu normal di bdg
cenah mah standar 1,8juta/meter2. gambarna mah 176 m2. ku itungan eta ge tos
tekor. Heuheu.  Jaba maca dina Tribun, harga matrial kayaning beusi beton,
semen, naek 30%. Cara ngatur danana, make prinsip kolot di lembur: asal iyuh
we heula. Pondasi, tembok sisi luar, tihang pananggeuy loteng, jeung
suhunan. Lantey oge moal dikeramikkan, diplester wungkul. Ngan sangkan rada
gaya meh siga ngahaja, dibere nat, siga sambungan antar keramik tea, ukurana
gede, jadi api2na siga keramik baradag.  Dinding oge meureun moal waka
diplester atawa ditempelan batu siga nu keur usum ayeuna, bata buligir we
heula.

 

Asalna mah rek make tipe 36 kitu siga imah munggaran di antapani (ayeuna di
kontrakeun), tapi parent in law ngagedean hate, jieun we nu luyu jeung
pangabutuh, cenah. Diwanguna we sabisana heula. Enya oge.  Lokasina hade.
Jalan hareupeun dua jalur gede. Kalolobana imah di dinya teu dipager. Ari
negatipna, hareupeun imah, campuran tomohon-kadipaten, tukang beternak
anjing ras (siga Old Englih, jrrd), lalucu sih, kadang2 di abur,  tapi
barudak sieuneun,. Solusina, imah rek dipager sameter.

 

Kamer tamu

Dina gambarna mah aya kamer tamu hiji di loteng. Kamer jeung ruang beda di
urang mah. Kamer mah ruang nu sipatna pribadi, cara kamar tidur, kamar
mandi, ruang mah nu sipatna umum, cara ruang tamu ruang makan. Basa deungeun
mah sarua, dining room, bedroom, jsb. Bisi aya dulur salembur baraya
sasunda, sahaba (t) sanagara,  friends sadunya nganjang. Kaci ngendong. 1 x
24 jam tamu wajib lapor tea. Haha. nya ari lobaan mah  bisa di ruang
kulawarga, di ruang tamu, di kebon tukang ge aya keneh sesa kavling. Heuheu.


 

Ruang udud

Kusabab ahli hisaf, nya nyieun ruang udud. Kusabab udud patali pisan jeung
bari digawe, tangtu dihijikeun jeung ruang gawe si kuring. ngetik ngagambar,
jeung pikeun sare mun hayang kerek bebas protes. haha

 

Konsep sundana mana?

Mun noong imah2 vernakular cara di kampung naga, imah teh teu aya hiasan
pisan, paling model liang angin (angin2, bovenlih), bareda saeutik. Kaina
komo awina, teu diukir. Tah imah eta oge kitu. Polos we. Jadi sabenerna
desain modern teh niru di desain vernakular atawa tradisional nu model kitu.
haha. 

 

Kungsi kamari nga sms ka adi nu opat. Mun maraneh hayang kamer di imah
urang, transfer 25jt saurang dijamin full furnished. 

Ngajarawabna teh, mending make kemah di tangkuban parahu atawa jayagiri
sakalian, nu sejen ngajawab, hotel saminggu di bdg teu sakitu.

Heuheu.

 

 

Kirim email ke