Sarua jeung iklan cocacola,kapan sajah,dimana sajah, lamun sakadang tunduh 
datang, teu karasa panon ujug-ujug rapet, lir dielem aibon. Teu paduli keur 
nyanghareupan persiden ari panon geus tunduh, teu walakaya kudu maksakeun 
beunta. Enya mimiti mah kawas nu heueuh ngaregepkeun naon anu diomongkeunana, 
sirahna tungkul kawas nu husu, lila-lila ngulahek kagigir atawa ngalenggak 
tanggah nyanghareupan lalangit. Irung jeung ceulina mah tetep nyaring, malah 
perkara anu keur dibahas sok jadi bahan impian.

Keur rapat atawa keur ngabandungan hotbah rawan pitunduheun mah, komo anu 
dipedarna kurang menarik, nu ngocoblak dihareup, asa mepende pisan. Nu gigireun 
nundutan, nu dihareup lelenggutan, kitu oge nu ditukang, malah siga nu keur 
pasanggiri patarik tarik kerek. Hudang-hudang lamun aya nu noel atawa 
kagareuwahkeun ku sora nu qomat, kalan kalan ngorejat hudang bakating ku 
jempling, da rapatna geus bubaran.

Gara-gara tunduh tarang sok jadi korban, geus teu kaitung jalma nu tidagor kana 
monitor atawa buncunur ngadupak tuntung jok beus, nu can kabejakeun teh tidagor 
kana tarang wanoja, da enya atuh mun keur reureujeungan jeung wanoja 
pitunduheun teh tara aya, paling-paling pura-pura tutunduhan. Kanu sok mawa 
kandaraan diharamkeun pisan nundutan, najan kabeh panumpang katut 
kondektur-kondekturna narundutan, ari supir mah ulah pipilueun nundutan. Loba 
kacilakaan dijalan tol, lolobana alatan supir nu elodan, elodan pipilueun 
nundutan.

Cenah ubar tunduh nu mujarab teh taya lain ngaroko atawa nginum cikopi, 
tampolana ku nginum suplemen ge sok cenghar. Tapi piraku keur nyanghareupan 
persiden nek ngepluk udud kuriak curuk persiden tutunjuk. Atawa keur 
ngabandungan hotbah jumaahan bari nyuruput cikopi. Aya aya wae!  Enya, teu 
ngabibisani lamun nundutan keur hotbah jumaahan teh asa pelem pisan. Ceuk bang 
haji mah itu perangkap setan. Jadi lamun masih keneh aya nu nundutan. Terlalu!

Sok ngadadak ambek lamun mirengkeun dina pintonan tipi aya anggota dpr keur 
sidang aya nu nundutan. Dina hate kontan ngutupruk bari nyebutkeun 
nurustunjung! Tapi teu ngabibisani ketah, lamun kuring jiga manehna, boa sarua 
nundutan oge, nek teu nundutan kumaha, rohangan ac nyecep, pikiran teu baluweng 
mikiran pangabutuh, beuteung seubeuh, duit weuteuh, pamajikan reuneuh, nek naon 
deui!  Beda jeung buruh pabrik, anu sapopoena jadi operator mesin, tong boro 
dibawa nundutan dalah dibawa ngalamun ge hasil pagawean teu maksimal, malah 
bisa bisa raga jadi korban. Sedengkeun panghasilanana, jauh tanah kalangit mun 
dibandingkeun jeung gajih dpr anu sok nundutan waktu keur sidang.

Lain teu meunang nundutan, da nundutan ge kaasup hak asasi, ngan meureun kudu 
bisa nempatkeunana. Bari nyarande kana tangkal, angin ngahiliwir nebak raga, 
hawar-hawar sora suling ngagelik, tah mangsa kieu nu pas pikeun nundutan mah, 
lain keur sidang pleno, lain keur rapat jeung persiden, komo deui keur hotbah 
jumaahan. Geus ah, asa bau bau tunduh ieu teh, nek nundutan heula ah bari 
nangkeup monitor. [haregenehsudahnundutanabisngerondakale]***SR***

Kirim email ke