Heuheu. karek inget ka pikiran lebah dinya. Da basa bu Nina nyarioskeun perkara eta nu kabayang teh para ulama
teh sakti pisan. Pikeun sakti tangtu teu instan, teu ukur maca jampe2. tapi kudu ngalakukeun prosesna. Teu kabayang individualis kitu. Harita nu kabayang ku si kuring ngan palebah prosesna. Yen tangtuna kitu teh meureun sabenerna mah ninggang deui ka kamampu masing2. Meureun aya oge santri nu geus nepi, bisa oge jumaahan di mekkah, tapi pastina teu unggal santri bisa nepi ka hambalan atawa tingkatan nu luhur nu bisa ras clok. Da meureun masing2 kamampu beda. Siga conto, kudu puasa 40poe beurang peuting, mati geni, mutih, ngeueum sapopoe di sumur tujuh, teu kiceup sabulan, heuheu, jsb. Teu unggal manusa bisa. Di arab aya sajadah bisa ngapung. Meureun ngan ukur cukup opataneun. Heuheu. ------ Upama enya elmu teh diagem ku para karuhun. Tetela geuning karuhun urang teh 'individualis' pisan. Kaciri dina mangsa manehna indit-inditan, jiga teu hayang ngajak dulr komo batur mah, cukup ku manehna we ngagandeuang indit nyupiran sorangan. Jigana 'balageur' keneh karuhun urang kulon, manehna mah upama indit-inditan teh, tara poho ngajak batur, jeung lain saeutik deuih batur nyabana teh, nepi ka bisa sakampung dikerid dibawa hiber. salam, mh

