Kang Dadi, kuring ge teu miara jin, sieun teu kuat marabanana. Jeung sieun ku 
sieun ningali janggelekna. Tapi di sakuriling urang ge rea jin sanes? Kumaha 
mun si putra ua teh menta tulung ka jin siga urang menta digandong ka nu 
kuateun ngagandong. Atawa ayeuna oge menta tulung ka supir taksi dianteur ka 
tempat tujuan bari mayar ongkosna. Naha nu kitu ge haram atawa musyrik? Manusa 
jeung jin papada makhluk Alloh. Naha haram atawa musyrik mun gaul jeung papada 
makhluk? Haram teh meureun mun ngukut jin keur mantuan maling, musyrik mun 
urang ngabdi ka jeung atawa sieun ku jin siga urang ngabdi ka jeung atawa sieun 
ku Gusti Alloh. Cek pitutur jenatna Nurkholish Majid bahkan di sakuriling Prof 
Hamka ge rea jin. Kuring kungsi ngalaman dideukeutan ku jin (rarasaan). Di imah 
sok mindeng aya barang leungit tapi teu lila kapanggih deui di tempat nu 
gampang katingalina. Malah kungsi nu leungit teh barang milik semah. Teu kungsi 
diwawuhan da teu katingali
 junggiringna (untung!), ngan pernah ikrar: "Mun enya maneh teh jin hayang gaul 
jeung urang, pek wae rek milu cicing mah asal ulah ngaganggu, jeung asal 
neangan kadaharan sorangan urah menta ka urang". Sigana mun urang bisa gaul 
jeung jin siga ka sahandapeun nu dihargaan, moal matak nanaon. Kitu?

Salam
AD

----- Original Message ----
From: Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Friday, April 18, 2008 16:47:19
Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] ras clok



 
 

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke