kuduna ku jawaban Kang Budhi ieu, kajawab tah logis heunteuna dongeng
ieu...
atawa bisa jadi ulama bareto mah juma'ahan 2x dina saminggu...
di urang 1x, terus di Mekkah 1x...
pan cenah di urang jeung di Mekkah teh beda poe... 

aya nu nyebutkeun cenah carita2 aheng ieu teh dikarang keur ngangkat
darajat ulama sangkan aya pamor di masyarakatna...

tapi duka ketang bener heunteuna mah, da kuring ge teu apal...

ngan nu pasti mah Nini si kuring geus umur ampir 80 thn, tapi mun
nanjak ingkig-ingkigan nonggoh ka gunung (ka kebon di perbukitan) tara
pati aya hos-hosan kacape, da cenah boga "saepi angin"... 

jadi mun uing (35 thn) dibalapkeun jeung nini uing (ampir 80-an) titah
nanjak... tetela si uing eleh terus, eleh nafasna...


ngan hanjakal ku nini uing, teu "diturunkeun"...

trus anehna, jampena teh leuwih deket ka rajah Sunda Buhun (atawa
Hindu kitu ?!) dibanding jampe islami...



^_^






--- In [email protected], "Budhi Setiawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Lamun ieu mah ....
> 
> eta angkat jumaahaan teh sarua jeung waktu jumaahan di urang,
meureun rada
> aneh.
> 
> sabab Mekah jeung WIB teh aya beda waktu nya ? waktu jumaahan di
urang, di
> ditu mah isuk-isuk keneh meureun..
> 
> Duka ketang mun waktu harita mah waktu teh sarua...
> 
> budhi
> kurono kopo 241


Kirim email ke