saena mah upami nu seneng kana martabak ulah sinis kana surabi. masing masing 
tos aya racikan sareng bumbu jadi tong sakali-kali nyampur adonan martabak kana 
surabi.bisi.....???!!!!!


----- Original Message ----
From: mj <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, April 21, 2008 1:31:04 PM
Subject: RE: Jin Vs Jurig -->Re: [Urang Sunda] Gaul jeung jin


Bah, jarang nu apal, yen urang teh, dina hal hil surahil, nganut
sinkretismeu. Nyampurkeun itu ieu jadi cara hirup. Panaliti bule misionaris
mah arapal pisan adat urang kitu. Siga dina web sunda.com baheula nu eusina
misionaris, dina bag2an karakter urang sunda, disebut cenah sanajan mayorias
muslim, tapi masih percaya kana hal-hal nu kitu. Percaya di dieu tangtu lain
dina konteks tauhid, tapi beh handap pisan. Si kuring tangtu protes, tapi
nya ari noong kahirupan batur, memang karasa ayana. Kaasup sieun ku jurig,
malah apan ayeuna keur usum dina film bioskop carita horor nu lalakona teh
jurig.

Sinkretismeu eta oge pan kapanggih dina cara nyegah bala, ngusir ririwa. Mun
baheula make jampe2 kaasup jangjawokan, beh dieu digaranti ku ayat2 qur'an.
Eta lain cek si kuring, memang kanyataan di sawareh masyarakat kitu.

Sabab cenah cek prof jakob sumardjo mah, urang teh marawa artefak pikiran.
Sarupaning blue-print atawa dna budaya. Hehe.

Nya kaci disebut eta jurig teh mangrupa warisan ti animismeu dinamismeu
atawa bawaan ti sistem kapercayaan bawana "agama" lokal. Agama ibrahim
(istilah umum pikeun tilu agama di jeung ti timur tengah, yahudi, nasrani,
islam) datang ka urang oge pastina mawa model mistisna. Cara sufismeu,
tarekat, nu cenah aya nu ngarah ka mistis.

Atawa toong we makam para wali. Dina poean nu tangtu pinuh ku manusa nu
ngalap berkah, jsb. Padahal jelas2 dina qur'an, nu paeh moal bisa mere
safaat deui.

Biasana nu marake sistem kitu alesanana teh cenah yen sagala rupa teh kudu
usaha, jeung kudu atawa perlu media. Sarupaning sasajen, menyan, jsb, eta
kaasup media pikeun "komunikasi" jeung alam jurie g. heuheu

Moal dihukum sigana mun teu nyieun organisasi masa jeung teu dianut siga
agama.

-----Original Message-----
From: [EMAIL PROTECTED] ups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] ups.com] On
Behalf Of Waluya
Sent: Monday, April 21, 2008 10:18 AM
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Subject: Jin Vs Jurig -->Re: [Urang Sunda] Gaul jeung jin

Kira-kirana naon bedana jin jeung jurig nya? Meunang henteu percaya ayana 
jurig? siga percaya ayana "bangsa" ririwa? Moal dihukum kitu ku nagara? Asa 
palalaur da geuning di nagara urang mah teu meunang sambarangan percaya teh,

kudu saragam saluyu jeung kahayang nu kawasa jeung mayoritas. Padahal di 
unggal lembur di Tatar Sunda, sok boroga "jurig lokal" masing-masing : Aya 
nu nganjrek di imah kosong, dina tangkal kai gede, dijero guha jst .......

Engke mah sigana teu meunang percaya kanu kararitu teh, bisa dihukum!

Baktos,
WALUYA 

------------ --------- --------- ------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang- Sunda.or. id
Yahoo! Groups Links


 


      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ

Kirim email ke