Ieu oleh2 ti sawala pokoknya sunda minggu kamarina. Opat lambar makalah Pa
Yasraf Amir Piliang. Can purun diketik ulang. Tapi salah sahiji gagasan
pikeun ngamajukeun sunda, cenah ku cara -mun geus dianggap euweuh cangkang
asli, nya bisa ku cara neangan atawa nyieun cangkang anyar, aya dina makalah
Pa Yasraf A. Piliang, urang minang persisna ti kabupaten sulit air, nu geus
puluhan taun nganjrek di Bdg dan sakola di sr itb ayeuna dosen di dinya.
Judul makalahna, sunda di alam posmodern. Nyaritana make basa sunda, sanajan
teu pati lancar da jarang dipake cenah.

 

Salah sahiji nu euweuh di sunda Bandung cenah cangkang nu kaciri
bungkeuleuk. Sabab memang, sabagian budaya teh aya nu sipatna teu kadeuleu
(intangible tea). Padahal sabagian gede masyarakat mah hayangna teh nu
kaciri fisik (tangible) sabab gampang kaharti dan bungkeuleuk. Ari di minang
mah aya keneh. Siga rumah gadang tea. Oma irama kungsi nyangi begadang, tapi
teu aya patalina jeung rumah gadang. heuheu

Dina rupa adat suradat, aya ninik mamak, nu jadi pananyaan perkara adat dina
mereskeun hiji perkara. Di jawa yogya, aya raja atawa sultan. Sanajan di
jateng cara semarang atawa pantura mah teu aya oge. 

 

Nempo sajarahna,  tangtu kitu, sabab Bdg mah lain dayeuh nu dijieun ku US
baheula, tapi sasatna ku walanda. Lembur nu dijieun US mah disebut old town
tea (dayeuh kolot) ayeuna.

 

Dina budaya posmodern mah, cenah cangkang eta bisa dijieun atawa jijieunan.
Teu kudu neangan nu baheula, bisa nyieun anyar. Aya nu nyeletuk, persib, tah
persib bisa dijadikan ikon pikeun ngahijikeun urang sunda utamana US Bdg,
sanajan model persib mah mun eleh, tangtu karasa teu nyugemakeun. Sok nepi
ka ngaramuk pan bobotoh teh. Tapi ku kitu oge, sigana jadi bukti yen persib
geus bisa jadi tali nu ngumpulkeun atawa nalian emosi urang Bdg jeung US
umumna. 

 

Dina wangunan, geus ti beh ditu mula aya klaim ti pamarentah provinsi jabar,
yen Gedong Sate teh jadi tangara atawa ikon jawa barat tangtu kaasup budaya
sundanana.

Sok we geura tingali, di pos2 lintasan kareta, wangunan pikeun nu jaga, di
bdg, make sate siga dina Gedong Sate dina suhunanana. GS geus diaku jadi
cangkang anyar sunda, sanajan teu kabeh satuju. Cara dosen si kuring. 

 

Sabenerna make gedong sate atawa gedong2 titinggal walanda jadi parodi atawa
ironi. Ongkoh urang teh merdeka, nasionalismeu digede-gede, tapi ari wanguna
kolonial malah diaku jadi lambang/ikon/cangkang  daerah.

 

 

Kirim email ke