aduh meni hawatos nya kang nasib PNS teh. tapi Alhamdulillah sim kuring mah 
kang pas lebet PNS teh teu ditagih nanaon .. malih mah tes kesehatan ge di pang 
mayar keun kang .. naek pangkat .. jleng naek .. terang teh pas aya rapel 
kenaikan gaji we wungkul. 

perkawis akteu .. Alhamdulillah pas pun bojo ngalahirkeun .. ku perawatna teh 
disodoran formulir .. ditaros .. "Bapa bilih bade ngadamel sakantenan akte-na 
.. mung saminggon" saurna . .. sami kang ..mung mayar 75 rebu .. 2 taun 
kapengker .. 

haturan 

firman 



  ----- Original Message ----- 
  From: M. Apri 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, April 23, 2008 3:11 PM
  Subject: AW: [Urang Sunda] ngurus akteu - Sekilas....



  Masalah birokrasi nu dipersulit jeung di-uangkeun teh seueur pisann gening 
kang, sanes saukur akteu wae. Masih keneh carita ti pun istri, da anjeunna teh 
PNS, guru di beh ditueun Jawa Barat. Geuning ari PNS hoyong naek pangkat teh 
kudu mayar, sok sanajan tos memenuhi kualifikasi. Terus mun hoyong ngalih tugas 
ka tempat sanes ge sami kudu mayar, meskipun dengan alasan kuat: ikut suami. 
Meni hese hoyong ngalih tapi bersih prosedurna teh. Enya da kanggo sim kuring 
mah saleresna sanes masalah artos nu jadi isyu, da eta mah Insya Allah aya. Sok 
sanajan kudu mayar ge ikhlas, asal resmi. Da ieu mah mayar na ge teu resmi, 
alias pungli tea!

  Kapungkur teh sim kuring nyarios ka pun istri, tos weh uruskeun kenaekan 
pangkat nyalira ka kantor dinas na (BKD). Mun aya nu terang2an nyungkeun artos, 
catet namina saha, terus tulis na koran. Ngan pun istri teh alim ari kedah 
nulis kitu teh, cenah mah bakalan panjang urusanna (bisi dimutasi ka tempat nu 
langkung tebih, sapertos ka ujung kulon, beu cilaka!).

  Balik deui ka masalah akteu kelahiran. Alhamdulillah tos beres kamari. Ngan 
eta, kedah ngaluarkeun acis. Ari pokna teh cenah: "Teteh, kanggo loket na 75 
rebu, kanggo abdi na mah teu langkung". Meni asa teu gaduh ka isin nya, 
nyungkeun kitu..... Pangalaman abdi ge baheula sami basa nguruskeun akteu teh, 
si petugas na nyuhunkeun artos.




  ----- Ursprüngliche Mail ----
  Von: kumincir <[EMAIL PROTECTED]>
  An: [email protected]
  Gesendet: Mittwoch, den 23. April 2008, 06:47:12 Uhr
  Betreff: Re: [Urang Sunda] ngurus akteu - Sekilas....


  ari akteu pun anak mah geus diuruskeun sababaraha poe sanggeus gelar, waktu 
masih di RS keneh, kabeneran di RS-na aya bagian nu nguruskeun.. .



  2008/4/23 Heryadi, Eddy:


    Enya soklah kang Apri...uing ge ngadukung mun diwawarkeun dina koran PR.
    Lain ngalelewe... si bungsu geus umur 4 1/2 th can bogaeun akteu... deuk 
nguruskeun teh rada hoream sieun siga kang Apri
    ke we sigana nungguan deuk abus SD...  







------------------------------------------------------------------------------
  Gesendet von Yahoo! Mail. 
  Der Mailbox mit unbegrenztem Speicher.

   


------------------------------------------------------------------------------


  No virus found in this incoming message.
  Checked by AVG. 
  Version: 7.5.524 / Virus Database: 269.23.3/1392 - Release Date: 4/22/2008 
3:51 PM

Kirim email ke