Nya kitu..Indonesia...Birokrasi...Lieurrrrr....
PEJUANG GOLPUT <[EMAIL PROTECTED]> wrote: bener kang eta teu
salah.... malah PNS bisa naek nerekel mun loba nyawer istilah di project mah
mun komo di departement mah
On Wed, Apr 23, 2008 at 3:11 PM, M. Apri <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Masalah birokrasi nu dipersulit jeung di-uangkeun teh seueur pisann gening
kang, sanes saukur akteu wae. Masih keneh carita ti pun istri, da anjeunna teh
PNS, guru di beh ditueun Jawa Barat. Geuning ari PNS hoyong naek pangkat teh
kudu mayar, sok sanajan tos memenuhi kualifikasi. Terus mun hoyong ngalih tugas
ka tempat sanes ge sami kudu mayar, meskipun dengan alasan kuat: ikut suami.
Meni hese hoyong ngalih tapi bersih prosedurna teh. Enya da kanggo sim kuring
mah saleresna sanes masalah artos nu jadi isyu, da eta mah Insya Allah aya. Sok
sanajan kudu mayar ge ikhlas, asal resmi. Da ieu mah mayar na ge teu resmi,
alias pungli tea!
Kapungkur teh sim kuring nyarios ka pun istri, tos weh uruskeun kenaekan
pangkat nyalira ka kantor dinas na (BKD). Mun aya nu terang2an nyungkeun artos,
catet namina saha, terus tulis na koran. Ngan pun istri teh alim ari kedah
nulis kitu teh, cenah mah bakalan panjang urusanna (bisi dimutasi ka tempat nu
langkung tebih, sapertos ka ujung kulon, beu cilaka!).
Balik deui ka masalah akteu kelahiran. Alhamdulillah tos beres kamari. Ngan
eta, kedah ngaluarkeun acis. Ari pokna teh cenah: "Teteh, kanggo loket na 75
rebu, kanggo abdi na mah teu langkung". Meni asa teu gaduh ka isin nya,
nyungkeun kitu..... Pangalaman abdi ge baheula sami basa nguruskeun akteu teh,
si petugas na nyuhunkeun artos.
----- Ursprüngliche Mail ----
Von: kumincir <[EMAIL PROTECTED]>
An: [email protected]
Gesendet: Mittwoch, den 23. April 2008, 06:47:12 Uhr
Betreff: Re: [Urang Sunda] ngurus akteu - Sekilas....
ari akteu pun anak mah geus diuruskeun sababaraha poe
sanggeus gelar, waktu masih di RS keneh, kabeneran di RS-na aya bagian nu
nguruskeun.. .
2008/4/23 Heryadi, Eddy:
Enya soklah kang Apri...uing ge ngadukung mun diwawarkeun dina koran PR.
Lain ngalelewe... si bungsu geus umur 4 1/2 th can bogaeun akteu... deuk
nguruskeun teh rada hoream sieun siga kang Apri
ke we sigana nungguan deuk abus SD...
---------------------------------
Gesendet von Yahoo! Mail.
Der Mailbox mit unbegrenztem Speicher.
--
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.smarthubtech.co.id
-----------------------------------------------------------
www.independen.wordpress.com
www.inkas.wordpress.com
www.garut0262.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.net
---------------------------------
Sent from Yahoo! Mail.
A Smarter Email.
---------------------------------
Sent from Yahoo! Mail.
A Smarter Email.