Etang-etang ngalalanyahan, asana teh, kantos aya anu
ngusulkeun HBH di Kampung Adat Sindangbarang Bogor.
Jigana ieu hiji alternatif sae kanggo
dipadungdengkeun.
Tadi kuring ngobrol sareng dosen/mahasiswa anu
ngokolakeun SIMPAY di FIB, ngadukung pisan upami HBH
di Sindangbarang. Malihan mah kang Agus Aris Munandar,
kersa janten "guide" mapay-mapay patilasan Karuhun
Pakuan Pajajaran di situs Sindang Barang. Kang Agus
oge bade "meredih" ka Pa Makki, sangkan masihan diskon
khusus kanggo pamondokan wargi anu bade ngiringan HBH.
Atuh Kang Mumu ti SIMPAY, bade meredih ka Ambu
Richadiana, ngadadarkeun adat budaya urang KANEKES,
sareng meredih ka Don Hasman, supados "mamerkeun"
hasil jepretan kaayaan di KANEKES.
Ancer-ancer waktosna, dinten saptu-minggu sabada
lebaran (upami disaluyuan)
Mangga ditambihan, bilih aya usulan sanesna. Upami
Kang Hendra Saparakanca mah, hukumna "wajib"
nyukseskeun acara ieu.
baktos,
mrachmat uidipura
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ