Perkawis tempat, teu langkung kasaluyuan sadaya wargi anu kagungan niat
bade ngaluuhan, naha bade di Kampung Budaya Sunda (KBS), Sindangbarang,
Bogor..?, atanapi di Jatiluhur, Purwakarta.
Sagemblengna nyanggakeun kasaluyuan sadaya, saparantos dilongok ku
panatacalagra.
Pihatur
ssw
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Etang-etang ngalalanyahan, asana teh, kantos aya anu
ngusulkeun HBH di Kampung Adat Sindangbarang Bogor.
Jigana ieu hiji alternatif sae kanggo
dipadungdengkeun.
Tadi kuring ngobrol sareng dosen/mahasiswa anu
ngokolakeun SIMPAY di FIB, ngadukung pisan upami HBH
di Sindangbarang. Malihan mah kang Agus Aris Munandar,
kersa janten "guide" mapay-mapay patilasan Karuhun
Pakuan Pajajaran di situs Sindang Barang. Kang Agus
oge bade "meredih" ka Pa Makki, sangkan masihan diskon
khusus kanggo pamondokan wargi anu bade ngiringan HBH.
Atuh Kang Mumu ti SIMPAY, bade meredih ka Ambu
Richadiana, ngadadarkeun adat budaya urang KANEKES,
sareng meredih ka Don Hasman, supados "mamerkeun"
hasil jepretan kaayaan di KANEKES.
Ancer-ancer waktosna, dinten saptu-minggu sabada
lebaran (upami disaluyuan)
Mangga ditambihan, bilih aya usulan sanesna. Upami
Kang Hendra Saparakanca mah, hukumna "wajib"
nyukseskeun acara ieu.
baktos,
mrachmat uidipura
Recent Activity
14
New Members
Visit Your Group
Y! Messenger
All together now
Host a free online
conference on IM.
Lawn & Garden
on Yahoo! Groups
For all things
green and growing.
Earth Day 2008
Get things and
get things for free.
Find out how.
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda