mun sifatna suap ka pengurus sangkan bisa jadi calon ti partai, kuring
jelas teu satuju...

tapi mun saweran ngumpulkeun duit keur operasional kampanye nya
meureun wajar...

da meureun kampanye atawa sosialisasi pencalonan teh kudu make duit,
cing pek pikiran rek ti mana duit keur masang panggung, nyewa sound
sistem, nyetak spanduk, brosur, pamflet, iklan di radio, iklan di tipi
jsb...

ma enya kudu dibayar ku partey mah, meureun calon tinggal
ongkang-ongkang kaki... tinggal sare...

janten masalah ieu masih keneh kedah ditaliti leuwih jero, rasional
atawa heunteuna...

jeung deuih kuduna DIBANDINGKEUN oge, mun nyalon lewat partai nu lain
kudu kaluar duit sabaraha... kakara mun teu asup akal menang jadi ijid
ge hehehe... ngan angger teu meunang mitenah mah...


^_^
kabayang ijidna kang reka ka partey nu lain nu duit nyalon-na leuwih
gede...hihihi


--- In [email protected], "Reka \"Bohay\"" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> duh... uing teh asa kumaha nya ninggali berita ieu, perkawis PKS teh.
> sanes ijid atawa niat ngagogoreng yeuh ka PKS, tapi ieu mah kajadian
bener.
> Salah sahiji dulur kuring rek ngilu ngaramekeun dina pemilihan
Bupati salah
> sahiji daerah di Jawa Barat, anjeunna tadina rek maju ti PKS dicalonkeun
> janten wakil Bupatina, da geus aya omongan ti ketua PKS na  cenah
"Sawios
> kang, urusan waragadna mah ulah diemutan, keun weh kumaha abdi". kitu
> cenah,,, pas bade tos mepet kana pemilihan, geuning ujug2 menta duit,
> ngomongnateh kieu "Kang, waragadna teh peryogi 2M, tah kanggo
operasional
> 1M, kanggo ka DPW sakieu, kanggo ka DPP sakieu".
> Tah, kusabab kitu, dulur kuring teh teu jadi weh ah majuna, da teu boga
> duit, jeung embung weh mun geus jadi kudu korupsi jang ngagantian
waragad
> eta.
> ieu sim kuring nyarita bener, teu nginjeum ceuli teu nginjeum panon.
tapi ka
> para wargi anu bade percanten atawa henteu mah nya mangga weh
nyanggakeun...
> hehehehe...
> Ari kuring mah boga pipikiran, nya geuning sarua keneh partai rek
numana2
> oge,,, ngan ari ceuk kuring mah ayeuna kuring jadi rada sentimen euy
ka PKS
> teh, geuningan manehna mah munafik pisan.
> jadi Gratifikasi 1,9 M anu dipulangkeun mah leutik ari dibandingkeun
jeung
> duit anu ditarimana mah. hehehe...
> 
> -Bohay-

Kirim email ke