wah, kuring mah rada sangsi manehna ngan beak 2,9 M.
conto weh, misalkeun jang nyieun kaos, manehna ngan nyieun 1 juta kaos
(jumlah pemilih Jabar +20Jt)
misalkeun hiji kaos hargana 5.000 perak, meureun geus kudu 5M jang nyieun
kaos hungkul. can jang nyieun spanduk, baligo, pamflet, sticker,ongkos
masang baligo, biaya operasional jeung sajabana.
apanan asa mustahal amun ngan beak 2,9M mah. hehehe...

-Bohay-

2008/4/24 ua duq <[EMAIL PROTECTED]>:

>   walah edun euy... padahal hade wae keur kampanye cenah ngan ngaluarkeun
> 800 juta. lamun ditambah sumbangansumbangan totalna ngan 2,9m... lamun di
> hiji kabupaten wae hayang jadi balonwabup kudu ngaluarkeun dana 2m. sigana
> pks untung gede tah di pilkada jabar.
>
> :)
>
> On Thu, Apr 24, 2008 at 9:35 AM, Reka Bohay <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> >   duh... uing teh asa kumaha nya ninggali berita ieu, perkawis PKS teh.
> > sanes ijid atawa niat ngagogoreng yeuh ka PKS, tapi ieu mah kajadian
> > bener.
> > Salah sahiji dulur kuring rek ngilu ngaramekeun dina pemilihan Bupati
> > salah sahiji daerah di Jawa Barat, anjeunna tadina rek maju ti PKS
> > dicalonkeun janten wakil Bupatina, da geus aya omongan ti ketua PKS na
> > cenah "Sawios kang, urusan waragadna mah ulah diemutan, keun weh kumaha
> > abdi". kitu cenah,,, pas bade tos mepet kana pemilihan, geuning ujug2 menta
> > duit, ngomongnateh kieu "Kang, waragadna teh peryogi 2M, tah kanggo
> > operasional 1M, kanggo ka DPW sakieu, kanggo ka DPP sakieu".
> > Tah, kusabab kitu, dulur kuring teh teu jadi weh ah majuna, da teu boga
> > duit, jeung embung weh mun geus jadi kudu korupsi jang ngagantian waragad
> > eta.
> > ieu sim kuring nyarita bener, teu nginjeum ceuli teu nginjeum panon.
> > tapi ka para wargi anu bade percanten atawa henteu mah nya mangga weh
> > nyanggakeun... hehehehe...
> > Ari kuring mah boga pipikiran, nya geuning sarua keneh partai rek
> > numana2 oge,,, ngan ari ceuk kuring mah ayeuna kuring jadi rada sentimen euy
> > ka PKS teh, geuningan manehna mah munafik pisan.
> > jadi Gratifikasi 1,9 M anu dipulangkeun mah leutik ari dibandingkeun
> > jeung duit anu ditarimana mah. hehehe...
> >
> > -Bohay-
> > _,___
> >
>
>
>
> --
> d-:
> ~karék cénah~
> 
>

Kirim email ke