Ieu mah ngan meureun ... lain meunang nalungtik
engang = odeng
beda nyebut ngan beda daerah wungkul
satona teh warna "oranye" polet hideung
tiwuan = nyiruan = bangbara
beda nyebut beda daerah
tiwuan lantaran sok kana tiwu
nyiruan lantaran sayangna aya nu sagede nyiru
bangbara sok nyeuseupan kembang
kabeh sarua = lebah madu tea
papanting = nu genteng cangkengna
nu lainna teu apal pisan ....
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: sabenerna mah
ieu teh nyambung ti pananya ampir dua taun ka tukang, can anggeus keneh... can
bisa nyindekkeunana, eung.... heuheu... dasar bodo!!!
tiwuan... papanting... kamarang... odeng... éngang... nyiruan... teuweul...
bangbara... boboko... nyiru... ayakan...
2008/4/24 ua duq:
coba tingali cangkengna we kang minc, lamun
lengkeh nya papanting lamun henteu nya kateuing atuh... inget baheula... lamun
aya awewe lengkeh cangkengna teh sok disebut jiga papanting.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com