Mun teu lepat ieu teh bangsana seungseureudan hiber ; Tiwuan : pangawakanana, sed saeutik tina kamarang, kelir badanna semu- semu coklat, seureudna matih matak ngajongkeng jalma teu payaan. Sayangna ngagantung dina dahan tangkal kai, rada buleud, ngaharib- harib kendi.
Papanting : pangawakanana sahandapeun kamarang tapi rada panjang manan kamarang, kelir badanna hideung meles, dina tungtung jangjangna semu- semu beureum, tara kadongengkeun nyeureud jalema (bilih panasaran tiasa dicobian newak hiji...) Nyayangna ngaliang dina taneuh, sakapeung sok kawenehan mawa simeut/jangkrik digusur kana liangna, pikeun tempat papanting ngendog. Kamarang : pangawakanana, sayangna persis siga dina gambar anu kamari, seureudna matih matak muriang 3 poe 3 peuting. Odeng : sabangsa nyiruan, pangawakanana sed saeutik ti nyiruan, kelirna leuwih coklat manan nyiruan. Nyayangna sok ngadaplok/ngagantung dina dahan tangkal kai badag dileuweung, seureudna leuwih matih batan nyiruan, maduna sok diala ngan bae rasana rada-rada haseum. Engang : pangawakana persis kamarang ngan ukurana satengahna mun henteu sapertiluna tina kamarang. Nyayangna sok ngagantung dina regang rungkun tatangkalan. Seureudna matih, pari basa leutik-leutik cabe rawit. Kecap engang ieu sok dipake lalandihan keur budak leutik anu harak. Nyiruan : sering katinggal dipilemburan, jaman kiwari tos tiasa dibudidayakeun, kanggo diala maduna. nyayangna dina gorowong tangkal kai, mun henteu dina lolongkrang lakop imah dipilemburan. seureudna lumayan matak bareuh tempat anu diseureud. Teuweul : pangawakanana sapantar sareng laleur, tara nyeureud mung sok napuk kana sirah, muntel kana buuk, maduna sok diala, rasana haseum semu amis. Nyayangna mun dileuweung dina liang tangkal kai, mun dilembur sok nyayang dina sela-sela lakop/tihang imah. Bangbara : Pangawakanana pangbadagna diantara "seungseureudan hiber" kelirna hideung meles, nyayangna sok ngaliang dina kai garing, kalan- kalan dina usuk hateup imah mun henteu ngaliang dina tihang imah. Seureudna lumayan matak bengep tapak nu diseureud. Mun hiber, ngahiung sorana jangjangna. Kecap "ngabangbara" sok dipake lalandihan pikeun jalema tukang ngaginding/dangdan ari kaluar ti imah, padahal imahna ngan ukur saung butut. boboko/nyiru/ayakan...tah mun nu ieu mah pangawakana siga abah bagja.. ssw kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: sabenerna mah ieu teh nyambung ti pananya ampir dua taun ka tukang, can anggeus keneh... can bisa nyindekkeunana, eung.... heuheu... dasar bodo!!! tiwuan... papanting... kamarang... odeng... engang... nyiruan... teuweul...bangbara... boboko... nyiru... ayakan...

