Hmmm sae...
tos rada aya gambaran geuning ngeunaan HBH teh.
Meh rada puguh ngeunaan HBH, sim korong..eh sim kuring gaduh usul..
Kieu..

kumaha pami Kang Yani dijantenkeun Pupuhu HBH 2008,
Panata Calagrana tiasa ti barudak Bogor.
apan aya Kang Hendra, Kang Dudi, Kang Runa, Kang Yayan,
Kang Hadi, Kang Irpan, Ceu Herni, Teh Mia, sareng sajabina.
Sadayana kungsi ngiringan janten panata calagra di HBH nu
kalangkung.

komo deui rencana HBH-na bade diayakeun di Sindangbarang, Bogor.
Nu sanes mah panginten tiasa ngabantos.
Sim kuring ge siap ngabantos, nya minimal ngabantos du'a wae mah..

Kantun kempelan we keur nge-sah-keun Panata calagra sakantenan 
ngarumuskeun naon nu bade dipidamel. Kumargi waktos teh nyerelek,
da anu atos-atos oge persiapan keur HBH teh teu cekap sa-sasih dua 
sasih.

ari hog-hag wungkul dina milis bari teu jeung prak-prakanana mah
moal jadi matak. isin kunu nyarios kieu : 
"Urang Kusnet mah NATO.." atanapi "Ah..OMDO.."

kitu ..

-dul-
tukangkompor


--- In [email protected], MRachmat Rawyani 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Abdi tos wawartos kanu "ngageugeuh" SIMPAY di FIB UI.
> Saratus persen bade ngabantos nyukseskeun acara HBH
> KUSnet di Sindangbarang. Utamina mah dina ngeusi acara
> sareng ngalobi ka Pa Maki, dina perkawis waragad
> sareng pertunjukkan kasenian.
> Namung saurna teh nyuhunkeun kapastian, saha-sahana
> anu bade sumping sareng seueurna sabaraha puluh,
> supados jelas sabaraha tempat mondok  anu
> diperyogikeun, sareng nyayogikeun pamandu kanggo
> nganteur "napak tilas" titinggal karuhun di
> Sindangbarang.
> 
> baktos,
> 
> mrachmat Uidipura
> 
> --- Urang Sunda Hudang Euyyy <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> 
> > hayu... akurrrrrrrr
> > 
> > On Mon, Apr 28, 2008 at 5:13 PM, ikmals
> > <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> > >   Kang Yani.....tur wargi sadaya........
> > > Hayu bin okeh lah..........
> > > ngantosan waleran mah sigana teh ke mun tos
> > boboran, nembe kariksa
> > > saha-sahana.........
> > > urnag keureuyeuh wae atuh yu ku Kusnet Jakarta,
> > cara baheula deui, tong
> > > seueur teuing jalmi bilih barieukkeun, nu penting
> > na mah pan aya waragad
> > > sareng aya pamilon, teras aya nu ngokolakeun,
> > sakes kitu??  nya ehu
> > > euuuuuhhhhhhhhhhh!!!
> > >
> > > baktos,
> > >
> > > ikmal
> 
> 
> 
>       
_____________________________________________________________________
_______________
> Be a better friend, newshound, and 
> know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ
>


Kirim email ke