kang Ndoell + baraya KUSnet,

si kuring pribadi satuju pisan pami kang Yani nu janten pupuhu HBH
2008, komo dina rengrengan panata calagrana teh urang KUSnet nu aya di
Bogor, jadi pas pisan tah pami HBH 2008 diayakeun di KBS mah.

kanggo wakil pupuhu si kuring ngusulkeun kang Hendra, anjeuna apal
pisan seluk beluk KBS, malahan waktos acara seren taun kamari ieu,
anjeuna dikukuhkeun janten warga kehormatan KBS, da ngiring ilubiung
ti mimiti rencana dugi ka ngadegna KBS.

Atuh panata calagra nusanesna sapertos kang Hadi, Teh Herni, kang Dudi
jrrd eta oge menguasai pisan wewengkon Bogor janten koordinasina
gampil, boh koordinasi sareng pihak KBS, atanapi koordinasi sesama
panata calagra.

InsyaAlloh sim kuring oge siap ngabantos..

mangga nusanesna tambihan..

badrudin
tukangtikung

--- In [email protected], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Hmmm sae...
> tos rada aya gambaran geuning ngeunaan HBH teh.
> Meh rada puguh ngeunaan HBH, sim korong..eh sim kuring gaduh usul..
> Kieu..
> 
> kumaha pami Kang Yani dijantenkeun Pupuhu HBH 2008,
> Panata Calagrana tiasa ti barudak Bogor.
> apan aya Kang Hendra, Kang Dudi, Kang Runa, Kang Yayan,
> Kang Hadi, Kang Irpan, Ceu Herni, Teh Mia, sareng sajabina.
> Sadayana kungsi ngiringan janten panata calagra di HBH nu
> kalangkung.
> 
> komo deui rencana HBH-na bade diayakeun di Sindangbarang, Bogor.
> Nu sanes mah panginten tiasa ngabantos.
> Sim kuring ge siap ngabantos, nya minimal ngabantos du'a wae mah..
> 
> Kantun kempelan we keur nge-sah-keun Panata calagra sakantenan 
> ngarumuskeun naon nu bade dipidamel. Kumargi waktos teh nyerelek,
> da anu atos-atos oge persiapan keur HBH teh teu cekap sa-sasih dua 
> sasih.
> 
> ari hog-hag wungkul dina milis bari teu jeung prak-prakanana mah
> moal jadi matak. isin kunu nyarios kieu : 
> "Urang Kusnet mah NATO.." atanapi "Ah..OMDO.."
> 
> kitu ..
> 
> -dul-
> tukangkompor


Kirim email ke