wah, kang maman kacida handap asorna... resensi bukunya tuntas....pajarkeun teh deet keneh, sakitumah tos jero kang....hatur nuhun tos ngaguar informasi penting... memang kang, masalah khilafiyah moal seep-seep mun dibahas jeung moal tuntas diadurenyomkeun..... komo nu ngabahasna teu ngarti pisan kana seperangkat elmu anu bisa nganteurkeun urang kana pamahaman anu sampurna. atawa pamahaman nana sapotong-sapotong..... bahkan ceuk paribahasa urang arabmah anu sapotong-sapotong ieu justru anu bahaya ...nisfu al-aalimu yufsidu..satengah nyaho teh bakal ngaruksak. kieu kang, masalah khilafiyah teh masalah ijtihadiyah, moal faham satemenna faham mun urang teu memenuhi syarat mujtahid anu syaratna kacida loba jeung hesenya. diantawisnya : kudu nyaho jeung faham kana ilmu bahasa Arab (nahwu, shorof, mani, badi, balaghah, arudh, mantek jeung sajabana) kudu nyaho kana sagala rupa anu ngenaan elmu al-Qur'an (muhkam, mutasyabih, qathi, dhanni, nasakh, mansukh, asbabunnuzul, ilmu korelasi tentang ayat, ilmu qira'ah jeung sajabana), ilmu hadis (anu ngenaan matan hadis/dirayah, oge anu mengenaan riwayat hadis/riwayah dua induk ilmu ieu oge ngagaduhan cabang-cabang elmu lain), kudu apal kana ijma ulama, apal kana qiyas, tarikh tasyri, ilmu ushul fiqh, qawaid fiqhiyyah jeung sajabana-jeung sajabana... tah kusabab kitu, kacida hesena nya mun urang jadi mujtahid......kudu luhung ku elmu loba ku pangabisa, jeung beunghar ku pangarti... tah banguna urangmah mungkin moal nepi kawas kitu.. paling urang mah kur bisa memahami pola pikir mujtahid, naon sababna mujtahid ngagaduhan pemikiran kawas kitu.... tah, syarat nepika bisa memahami pola pikir mujtahid oge lumayan seueurna, mungkin ised seutik ti mujtahid. para ahli fiqh nyebatna muttabi.. nyaeta jalmi anu ngiringan kana pendapat/pola pikir mujtahid. ari ukur ikut-ikutan, tuturut munding kana pendapat mujtahid mah disebatna muqollid.
anu ngajadikeun masalah khilafiyah rame wae, kadang-kadang pipaseaeun kulantaran marebutkeun pepesan kosong, debat kusir, dua kubu teu apal naon substansi anu dipaseakeun teh...kulantaran teu make elmu... tah loba pisan jalma anu nisful aalim (satengah nyaho, atah adol,..) nyayahoanan/sok tahu saolah-olah manehna teh mujtahid, padahal tingkatan muttabi oge can kahontal.... eta pedah ngeus disebut ustad atawa kiyai.....hehe... era nyebutkeun can nyahomah, bisi ngurangan wibawa, jadi weh maksakeun ngomong atawa ngajawab.....tah biasana jawabanana teh doolun yudillu (sasar oge nyasarkeun batur).... kumaha atuh urang ? sok weh sing loba maca teung tatanya nepika ngarti jeung paham jeung nimbulkeun tuma'ninah dina hate, ayana tuma'ninah dina hate lantaran urang paham jeung ngarti.....contona : lamun urang sholat subuh, ti leuleutik urang make qunut, jeung kabaca oge ku urang katerangan2 ulama tentang hukum maca qunut, pan rarasaan urang mun teu maca teh teu afdol, bahkan asa teu sah shalat subuh urang teh mun teu qunut....tapi tong nyawad jelema anu teu qunut, komo nepikeunka nganiley yen anu teu kunut teh teu sah shalatna, atawa kurang afdol nyakitu deui mun urang biasa teu qunut, jeung urang maca katerangan2 ulama yen teu penting atawa ulah maca kunut, nepikeun ka urang paham yen qunut teh teu perlu sabab euweuh katerangan anu ngawajibkeun atawa anu nyunahkeun.....tapi tong nyawad jelema anu sok qunut, komo nepikeunka nganiley yen anu qunut teh teu sah shalatna, atawa kurang afdol....naon sababna? sabab pan anu diadurenyomkeun teh masalah khilafiyah sanes, anu relatif pisan. cohagnamah, jang soranganeun we.... tah kumaha lamun urang rek ngajarkeun masalah khilafiyah ka masyarakat? saha wae anu rek ngajarkeun masalah fiqh tur ngabit2 masalah khilafiyah kudu apal jeung paham kana masalah muqaranah fiqhiyyah (berbandingan fiqh), urang bisa ngidangkeun pendapat2 ulama kalawan dalil2 atanapi argumentasi2 hukumna....urang kur bisa nawarkeun tah dina masalah khilafiyah ieu aya sakitu pendapat, pendapat kahiji kieu...dalilna ieu, anu kadua pendapatna kieu, dalilna mah kitu....jeung saterusna..... mugia janten bahan diskusi hatur nuhun ----- Original Message ---- From: Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, April 30, 2008 3:06:48 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Perkara Furu dina Khilafiyah #1 Mangga teraskeun seratanna... nuhun Kang ----- Original Message ----- From: Maman Gantra To: pustakahidayah@ bdg.centrin. net.id Sent: Wednesday, April 30, 2008 12:27 PM Subject: [Urang Sunda] Perkara Furu dina Khilafiyah #1 Perkara Furu dina Khilafiyah JudulBuku: Pembahasan Tuntas Perihal Khilafiyah, meluruskan persoalan-persoalan yang banyak diperselisihkan di kalangan umat Islam. Pangarang : HHM Al Hamid Al Husaini Penerbit : Pustaka Hidayah, Bandung, 2007, citakan ka tilu. Kandel : 946 kaca. Harga : Poho deui. Saencan ngamimitian, bisi salah harepan, kuring rek sasadu heula: Sakumaha dina perkara lianna, kanyaho kuring ngeunaan bagbagan agama deet kacida – mun teu disebut euweuh pisan ge. Kuring lain bae teu kungsi ngaji atawa masantren, tapi oge saeutik pisan maca buku-buku agama. Boh nu Basa Sunda, Basa Indonesia, komo nu Basa Arab mah – da teu ngarti. Kaweruh kuring ngeunaan agama, lian ti diajar maca Qur’an keur leutik ka bapa jeung di masigit, pangajaran agama mangsa sakola, jeung macaan buku tadi; kuring leuwih loba mulungan tina obrolan atawa pangajian-pangajian nu sipatna teu maneuh jeung teu sistematis. Kaharti mun deet jeung loba bolongna, oge – alatan perkara IQ jeung kandelna dosa -- loba nu teu nerapna, Di mana aya ge nu napel, geus kasawang saeutikna. Encan nu mareplekan deui, kasered ku virus “sifilis” (sekulerisasi, filsafat, jeung liberalisasi) . Atuh nu geus ipis teh leuwih ipis deui bae. Meh euweuh. Anapon dina perkara buku agama tadi, saayeunaeun, kuring sabenerna keur “balik deui kana text”, macaan buku-buku manhaj salafy – pikeun nguatan akidah oge prak-prakan cara ibadah. Tapi, basa sawatara bulan ka tukang manggih ieu buku kuring langsung kumetap. Aya jorojoy hayang maca. Lain bea ku kandelna, nu nepi ka 946 kaca; tapi oge – nu utama -- ku judulna: Pembahasan Tuntas Perihal Khilafiyah, meluruskan persoalan-persoalan yang banyak diperselisihkan di kalangan umat Islam. Enya. Dina zaman kieu masih keneh ngomongkeun perkara khilafiyah, nu umumna kadar ngeunaan hal-hal furu, perkara nu lain prinsip? Sanajan, sakumaha ditegeskeun ku kiai-kiai Persis taun 30-an, atawa sakumaha nu diprakkeun ku kiai-kiai “salafiyah” sorangan dina amal-amalannana, perkara furu (ge) teu bisa dilalaworakeun. Sabab, perkara “cabang” eta pakait jeung akidah – bisa mertelakeun pangaruh katut bisa mangaruhan akidah. Sakumaha diajarkeun ku para sepuh kapungkur, prak-prakan wudu ge pan sakitu “ribet”na? Nepi ka remen disebut kaleuleuwihi. Awahing ku tarapti jeung ati-atina. Alatan, nya wudu nu dianggap lawang pikeun ibadah utama: Solat. Dina emutan aranjeunna, kurang leuwih, mun wuduna lalawodeh, solatna ge leuwih gampang malaweungna – mun lain ngacapruk ge. Kukituna, teu aneh mun dina ngajarkeun perkara bagbagan wudu aya kiai nu ngariwayatkeun kumaha ngadegdegna panangan Imam Ali Zaenal Abidin waktos anjeunna ngumbah panangan. Pon kitu deui sawan kuyana Syaikh Az Alsari nu kateterasan wireh anjeunna kantos hilap waktos ngumbah panangan dina wuduna – mung dua kali, teu jangkep tilu kali – bari aya soanten nu ngontoreng dina cepilna, nyawad sareng ngemutan kaalpaan anjeunna eta. Leuwih ti kitu, “ahengna” ieu buku nya alatan rentulna buku-buku salafy tea. Kaasup reangna jamaah nu papada nyebut dirina salaku ahlus sunnah, kaasup hiji kios jeung toko buku di Kwitang nu nyebut toko jeung kiosna Toko Buku Ahlus Sunnah – nepi ka sawatara bulan ka tukang, hiji komunitas ngabahas perkara ieu ku ngondang sawatara inohong ti masing-masing firqah. ”Matotoskeun” saha jeung nu kumaha satemenna aswaja teh? Karuhan ku lobana barudak ngora nu miara janggot, dicalana pangsi, na pesakna – lian ti PDA atawa HP -- teu weleh aya Qur’an leutik. Ari ieu bet nyabit-nyabit perkara khilafiyah? Na kamana losna? Cohagna mah ieu buku teh narik ati kuring. Sok komo basa mukaan daftar eusina. Ieu buku teu ngabahas ngeunaan talqin, qunut, posisi leungeun sanggeus ruku jeung sawatara perkara amal ibadah lianna nu remen jadi soal khilafiyah di masarakat salila ieu. Tapi, leuwih lega deui: Sunnah jeung Bid’ah, Ngagungkeun Kanjeng Nabi SAW, Syafaat, Wasilah, Tawasul, Tabaruk, nepi ka perkara tasbe jeung asupna Islam ka Indonesia jeung Asia Tenggara. Malah, lian ti peran kaum Awaliyin dina kahirupan bangsa urang ti baheula nepi ka kiwari jeung silsilah raja-raja Solo nu jucung nepi ka Kanjeng Nabi SAW, biografi Imam Syafi’i ge aya pisan. Hartina, nu disodorkeun ku ieu buku teh lain bae perkara ibadah (jeung akidah). Tapi, oge sumarambah kana sajarah. Pepek kacida. Sok komo sanggeus kuring maca eusina. Tetela, Syekh Al Hamid teh ulama nu leubeut kaweruhna. Anjeunna lain bae nyodorkeun hadist jeung nash-nash Al Qur’an pikeun mageuhan hujahna dina perkara khilafiyah amal-amalan atawa ibadah. Tapi, oge mertelakeun pamendak ulama-ulama sanesna dina perkara sajarah jeung filsafat – kalebet pamendak sawatara sarjana non muslim. Hiji di antarana, nu di urang arang disebut-sebut: Chateaubriad – elmuwan Prancis abad 19. Karuhan sarjana-sarjana lian nu memang geus moyan dina kahirupan intelektual (boh sekuler, boh kaagamaan) Indonesia mah, saperti Ibnu Taimiyah, As Sayuthi, van Den Berg, von Ronkel, Gustave Le Bon, Snouck Hugrounje, Husen Djajadiningrat, jste. Nu matak helok kuring, Syekh Al Hamid dina bukuna ieu bisa ngagambarkeun Syaikhul Islam Ibnu Taimiyah salaku ulama nu moderat. Padahal, saperti geus dipikawanoh ku urang sarerea, paling heunteu ku kuring, fatwa-fatwa Syaikhul Islam ieu nu remen jadi hujah kiai-kiai nu “keras”, nu teges-teges ngaharamkeun tawassul lian ti ka Allah SWT, manakiban, solawatan, jarah, jste. Nepi ka maca solawat dina solat ge sirikna ngaharamkeun nyebut “sayidina Muhammad”. Ngajaga bisi tikosewad kana musyrik. Conto kumaha “moderat”-na Ibnu Taimiyah dina ieu buku, waktos Syekh Al Hamid medar perkara tawasul. “Syaikhul Islam Ibnu Taimiyah dalam beberapa kitabnya menegaskan, bahwa ber-tawassul dengan Nabi Muhammad saw diperbolehkan. Ia tidak membeda-bedakan apakah tawassul itu dilakukan orang selagi Rasulullah saw masih hidup, setelah wafat, di hadapan beliau sendiri atau pun di luar pengetahuan beliau. Pendapat Imam Ahmad bin Hanbal dan Al-‘Izzu bin Abdussalam yang memperbolehkan orang ber-tawassul pun diketengahkan juga oleh Ibnu Taimiyah dalam Al Fatawil-Kubra” (pada ka tilu, kaca 222). Sanajan nyutat pamendak Ibnu Taimiyah tadi dina perkara “Pengertian Tawassul Menurut Ibnu Taimiyyah”, oge ngangge kocap “dengan” – lain “kepada” ; ku nyodorkeun hal eta Syekh Al Hamid sapertos nu nyebatkeun yen Ibnu Taimiyah nyaluyuan prak-prakan tawasulan sakumaha nu diprakkeun ku sawatara komunitas di urang. Tetela, siga ceuk tadi, Syaikhul Islam Ibnu Taimiyah dina buku ieu mah katingalna “moderat”. Jauh tina “keras”. Sok komo, dina bagean lianna, Syekh Al Hamid seueur nyutat pamendak Syaikhul Islam Ibnu Taimiyah pikeun mageuhan pamendakna. Dina perkara asupna Islam ka Nusantara, sanajan sajorelat, Syekh Al Hamid nyabit-nyabit perkawis Sayid Jamaluddin. Ieu inohong, nu numutkeun hiji buku nu dicutat ku anjeunna, sakumaha wali songo lianna, masih kokocoran ti Kanjeng Nabi SAW. Tah, saatos sawatara lami calik di Aceh, Sayid Jamaluddin balayar ka Jawa. Persisna ka Semarang. Ti Semarang anjeunna badarat ka Pajajaran. “Di Pajajaran Sayyid Jamaludin bertempat tinggal. Hal itu terjadi pada masa akhir kekuasaan raja-raja Jawa di Pajajaran, yakni beberapa tahun sebelum kekuasaan raja-raja Jawa di Pajajaran berpindah ke tangan Majapahit” (pada ka dua, kaca 774). Saatos sawatara lami linggih di Pajajaran, ieu sayid angkat ka Jawa Timur. Nyeluk saederekna, Sayid Muhjiddin, kangge ngagentoskeun anjeunna di Pajajaran. Mun teu salah inget, sawatara buku ngeunaan sajarah Tatar Sunda, hususna ngeunaan sajarah Islam di Tatar Sunda, nyebat-nyebat nami Syech Muhjiddin ieu. Mun maca kalimah di luhur, nu nyebutkeun “raja-raja Jawa di Pajajaran”, salaku urang Sunda, tangtu bae urang bakal curinghak. “Jawa di Pajajaran”?. Tapi, di dieu sigana salah sahiji “kalemahan” Syekh Al Hamid teh: Sakumaha kaum kolonial baheula, anjeunna, atawa nu nulis kitab nu dicutat ku anjeunna, masih nganggap Sunda salaku “varian” Jawa – nepi ka Tatar Sunda ge disebut “Jawa Barat”. Perkara ieu oge nu, mun teu salah, dijentrekeun ku Mikihiro Moriyama dina tesisna nu sawatara waktu ka tukang kungsi jadi kacapangan balarea, Semangat Baru. Pon kitu deui padalisan “berpindah ke tangan Majapahit”. Katingalna, Syekh Al Hamid rada sologoto. Nyutat asal nyutat bae, teu disarengan ku sikep nu kritis. Sabab, nu geus jadi kaweruh umum: Pajajaran teu kungsi “berpindah ke tangan Majapahit”. Mun arek ge ka Mataram. Malah, pan, disebutkeun “Sunda dikuasai ku Mataram” ge teu sakabeh ahli sapuk? Sabab, “taluk”na sawatara kandaga lante urut Pajajaran teh teu saperti – kadar conto -- talukna Madura. Sanajan, dienyakeun ku kabeh ahli, “silaturahmi” Mataram jeung patilasan Pajajaran teh ngaguratkeun pangaruh budaya nu panjang di Tatar Sunda. Nepi ka kiwari. Maman Gantra Jalan Salemba Tengah 51, Jakarta 10440. 0812-940-5441 ________________________________ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. ____________________________________________________________________________________ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ

