jadi lapaaaaaaaaaaarrrrrr

----- Pesan Asli ----
Dari: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]; [EMAIL PROTECTED]
Terkirim: Senin, 5 Mei, 2008 09:40:06
Topik: [Urang Sunda] Evolusi Baso Tahu-Simay Bandung


Taun 1957-1958 kasohor pisan di Bandung anu naina Baso tahu..eta kaemaman teh 
parantos ngrayat pisan...aslina kadaharan Cina tapi parantos diklaim kadaharan 
khas Bandung. Kolot Budak resep pisan kana baso tahu eta..anu kelas bawah 
ngepool di icalan di Satsiun KA/Mobil Bandung...Taun 1958 teh pangaosna Saperak 
tilu (Rp 1/3 siki). Variasina baso Tahu, Kentang nganngo adonan baso, Engkol. 
Bungbuna bungbu kacang...lada. .nganggo jeruk purut..Ngadamelna pinter pisan 
eta aci baso teh tara liat..tapi empuk akial..rasa lauk lautna karasa 
(tenggiri).Ngicalan na naganngo tanggungan Baso anu bentukna khas pisan, 
nawiskeun nana bari ngider oge khas...so..baso. ..so... Anu kelas menengahna.. 
nyata ngadagangkeun nganggo doronga roda dua..umumna anu kakoncara teh Baso 
Tahu Hokkie..dugi kaayeuna oge aya keneh...Waktos eta rada awis ampir 2 X lipat 
baso Saperak Tilu. nawiskeun na henteu gogorowokan. .tapi ngango alat 
tok..tok..tok. .tina kai anu dibolongan.. ..
 kadieunakeun di restoran Cina aya kadaharan anu disebat Siomay...biasana 
udang/lauk laut/ hayam tapi standardna ngango danging babi...Urang bandung 
kreatip Siomay ieu diconto...ngan nagnggo lauk lautna wungkul teu nganggo 
daging babi...hasil na sami raosna..nambihan weh jenis anu aya dina Tukang baso 
tahu teh..nyaeta baso tahu, Siomay, Kentang, Engkol tambihan populerna Kulub 
Endog hayam....Nawiskeun nana henteu gogorowokan teuing..Tapi. .tok.tok. 
.tok...." Cing ah pasihan 5 siki...Siomay wungkul..."
 
Kadieunakeun.. .naha bet janten Siomay namina teh...Ningali Tukang baso Tahu 
anu ngicalan sami ..tapi dorongannna namina Siomay Bandung....Ari Hokkie mah 
tetep wae namina Baso Tahu Hokkie...Duka tah kumaha riwayatna... .Urang bandung 
kreatip deui ..bosen baso tahu dijual kukusan...terus digoreng..katelahna 
...Batagor. .Baso Tahu Goreng.....Eta keneh...Memang cocog ari Bandung Teh 
..kota kuliner...dugi ka caacp abdi kuliah di bandung boro2 ngadangu Sangu 
Tutug Oncom..tapi ayeuna ti taun 2002..tos janten bagean menu khas restoran 
Sunda..hirup. .menu Sunda...Restoran padang..restoran Cina..restoran 
Indonesia...tos aya ngical menu Sundana..paling enteu Gurame Goreng, pepes 
jamur, pepes Hayam...sareng Lalaban aya dimana..mana. ...janten sanes urang 
Sunda 3wae anu bakal hirup dileupaskeun di kebon teh......... ....    


      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke