Poe Kemis kamari kuring ka Batam, aya pagawean saeutik jeung kabeneran hayang ngalongok dulur nu jarang balik ka Bandung. Balik poe Saptu sore bari awak teu ngarareunah, panas-tiris. Sigana mah gara-gara mandi tengah poe padahal tas papanasan di lapangan. Puguh awak asa kaleob. Tepi ka Bandara Hang Nadim Batam teh jam tilu, dianteurkeun ku ki dulur jeung pamajikanana. Kulantaran kuring acan boga karcis, kuring lulumpatan ka loket nu jualan karcis. Kakara ge srog ka loket Lion Air, ditukangeun aya nu noel, singhoreng calo. 550 rebu, cenah ka Jakarta make Lion oge hiberna sakeudeung deui jam 4. Rada curinghak da murah, da basa inditkeun ge 700 rebu. Tapi rada was-was, kuring keukeuh nanya ka loket. Aneh, cenah pinuh!
Deregdeg lumpat ka loket Merpati, sugan aya nu langsung ka Bandung. Bener we aya, ngan inditna jam 8 peuting ari harga karcisna ngan 600 rewu perak. Ngan batur kuring Si J nyengir, bari ngomong: " Entong Pa, entong langsung ka Bandung, sieun lah, sok sawan ari turunna, kapalna sok gugurubugan". Dibejaan kitu ku babaturan, kapikir oge, sabab kuring oge kungsi ngalaman, kapal abrug-abrugan waktu arek turun di Bandung, tepi ka gelas susuguh pramugari bahe. Ah mending turun di Cengkareng we, ka Bandung mah gampang loba travel. Kabeneran deuih si calo nu tadi nawarkeun nunutur wae. Tinimbang tunyu-tanya ka loket penerbangan deui, jeung awak karasa beuki teu ngeunah. tuntungna meuli tiket ti calo. Si calo eta nu nguruskeun check in, kuring mah ngajanteng we nempokeun manehna ngilu ngantri. Keur nganjanteng we nungguan si calo nguruskeun, Suruntul aya budak awewe bari ngagugusur tas mani gede pisan, umurna kira-kira 17-18 taun. Buukna dibeungkeut karet, dbaju bodas jeung dicalana jins. "Pak ...pak ..ini tas harus dimasukkan situ?". cenah bari nunjuk tempat nimbang bagasi. "Eu ...eu...iyah, kamu mau kemana?", ceuk kuring teh, rada ngahuleng aya nu nanya kitu. "Ke Jakarta Pak!" "Ikut ngantri sana, nanti tasnya ditimbang dan dimasukkan bagasi!" Manehna nurut, ngilu ngantri. Teu lila si Calo nyampeurkeun kuring, check in geus beres. Si budak awewe oge beres check inna, manehna ngagigiwing stiker tanda bagasi. "Pak ikut yah bareng, belum tahu sih" "Iyah, hayu", ceuk kuring teh bari terus nuju ruang tunggu dituturkeun ku manehna jeung si J. Bari leumpang ku kuring ditanya deui, rek ka manehna teh. Pokna teh rek ka Jakarta. Barang ku kuring disebutkeun Jakarta teh lega, kudu puguh jugjuganana, ngajawabna teh rek ka Bekasi. Ceuk si J teh ari Bekasi mah lain Jakarta atuh, manehna kalahka malik nanya, ari bapa rek kamana. " Ka Bandung!", ceuk kuring. "Ah ...sama...sama, saya juga mau ke SUBANG!", cenah bangun nu gumbira. "Ka Subang? teu puguh maneh mah, ongkoh rek ka Jakarta terus ka Bekasi ayeuna ka Subang, Bisa Basa Sunda meureun nya?" "Bisa Pa ...Bisa, ENENG bisa basa Sunda", cenah, ngaenengkeun ka sorangan tapi logatna rada beda. "Kunaon aya didieu?" "Eneng hayang balik Pa, ari indung mah aya keneh didieu, dititah balik sorangan, tapi teu apal" Rek nanya deui, tapi geus tepi ka tempat pamariksaan X-RAY. Sanggeus dipariksa, pas asup ka ruang tunggu, panumpang geus ngantri naek kapal, atuh kuring gura-giru ngilu ngantri. "Si Eneng" nginclik nuturkeun. Pas dina lorong "tulale gajah", si Eneng nanya: "Pak ...pak ieu teh geus dijero kapal?" "Acan, tuh tuh itu lawang kapal mah", kuring nunjuk panto kapal, aya pramugari narangtung nyambut panumpang. Kring HP manehna disada, manehna langsung nempelkeun HPna kana ceulina terus ngajawab, teu jelas naon nu diomongkeunana, ngan nu kadenge teh : "Durung ...durung", cenah. Hah ....geuning ngomong basa Jawa. Rek ditanya deui, kaburu asup kana jero kapal. Kuring diuk dihareupeun manehna. Manehna diuk ngarengdeng jeung si J jeung saurang bapa-bapa nu make pakean perlente. Awak kuring karasa beuki teu ngeunah, jeung kacida hanaangna. Tiisna AC kapal oge tambah nyiksa. Kuring sabisa-bisa peureum ........ker weh sare. Lilir-lilir teh gandeng kunu ngobrol ditukang, mani tarik. Si Eneng keur ngobrol jeung si J dipairan bapa-bapa nu make pakean perlente. Kapal geus lila ngapung, da dihareupeun kuring aya aqua gelas pamere paramugari. Naek Lion Air ngan dibere aqua gelas, tara dibere dahareun nanaon deui. "Ah lumayan Inggrisnya bagus", kadenge sora si Bapa Perlente. "Saya juga bisa basa Bangkok ..kong kru krap", si Eneng nambahan "Kamu pernah ke Bangkok?" "Pernah...pernah, dibawa majikan enam bulan disana" "Eh Eneng ari maneh urang mana?", kadenge si J motong. "Compreng Pa!" Compreng? Ah eta mah daerah Subang tapel wates jeung Indramayu. Paingan atuh si Eneng teh ngomong "durung-durung", da di Compreng mah make basa Jawa Indramayu. Ngan rada bingung oge ari manehna tas timana make bisa basa Inggris jeung basa Thai sagala. "Bapa nu dihareup, maap nya ngomong Eneng tarik pisan, karunya si Bapa keur sare kahudangkeun. Eneng teh ngarasa bebas, hayang ngomong wae, ku Dunungan di Singapure dikerem, teu meunang kaluar-luar acan. Ayeuna mah ..bebas ...bebas .....", bari noel punduk kuring. Atuh kuring teh ngagurubug ditoel punduk, teu nembalan da era ku panumpang nu diuk gigireun, nu kaciri hayang seuri kuring ngarenjag. "Kontrak 3 tahun, 2,5 taun balik da teu betah, jadi teu diongkosan, nekad balik ngaliwatan Batam", kadenge si Eneng ngomong deui. "Kerja saja di saya di Jakarta, saya lagi perlu pembantu nih!", kadenge si Bapa Perlente nawaran. "Ah, Eneng mau istirahat dulu di Kampung, bebas ....bebas ....", cenah Teu karasa kapal geus turun di Cengkareng. Panumpang ngaruniang tina korsina, Si Eneng pangheula ngajurungkunung, kuring oge nangtung terus nyokot tas ngan si Eneng ngahalangan. "Cicing heula bapa mah, ditukang, Eneng tiheula!, ari nyokot tas Eneng dimana nya?", cenah semu bingung. "Engke geus turun dina kapal!", ceuk kuring teh. Bari leumpang ka tempat nyokot bagasi, ku kuring ditanya, manehna apal henteu jakarta. Ceuk manehna teh aya ngajemput dulurna nu digawe di Jakarta bari kop kana HPna, sigana nelepon dulurna : "Wis ...wis..... Cengkareng ..." "Tuh dulur Eneng geus nungguan diluar" "Syukur atuh ari aya nu ngajemput mah, da diluar mah loba jelema teu baleg", ceuk kuring teh. Tadina mah boga niat rek nunjukkeun manehna sina naek beus Damri nu ka Pulogadung. Tepi ka tempat nyokot bagasi, Si Eneng rungah-ringeuh deui bari ngiwir-ngiwir kertas tanda bagasi. Tungguan ceuk kuring teh, engke kalaluar tina liang. Pas kaluar, bagasi si Eneng pangheula nu kaluar. Manehna muru, tasna digabrug bari teu sirikna ditangkeup padahal tas gede pisan. " Nu bapa mana?", cenah. "Acan ...acan......mucunghul" "Eneng ti heula nya? karunya dulur Eneng nungguan diluar" "Enya cig, sing salamet nya!" Manehna ngaleos, bari ngagusur tas gedena. Kuring neuteup bari karasa aya nu ngaganjel dina hate, deudeuh teuing bangsa aing nu neangan kahirupan anu leuwih alus di nagara batur. Padahal meureun budak keneh waktu manehna miang teh, paling-paling umurna kakara 16 taun, jeung tumpak naon deuih manehna teh waktu indit, da geuning mani teu apal pisan naek kapal udara. Naha bener indungna teh aya keneh di Singapure atawa di Batam? Ah ......teu kapikir, kahirupan jelema loba misterina, sakapeung sok teu pikahartieun. ...... Baktos, WALUYA

