Nganjang ka Kanekes alias Baduy

Kacaritakeun geus nepi we ka Ciboleger, minangka gerbang ka Baduy.
Ciboleger teh terminal akhir elf nu ti Rangkas. Nya ti mana mendi ge
mun dina kandaraan umum mah, sigana, kudu ka Rangkas heula, ganti elf
di terminal Rangkas terus naek elf ka Ciboleger. Ngan kamari mah
kabeneran aya mahasiswa s2 program khusus, nu urang Rangkas, kang
Wahyu, guru di SMSR (sekolah menengah seni rupa) Bandung. Mawa mobil
avanza nepi ka lemburna, Sampay Rangkasbitung. Ngendong heula. Isukna
dianteurkeun make mobil Mitsubishi Strada double cabin ka Ciboleger ku
rakana kang Wahyu nu nyupiran mobil, nu jadi kapala dinas
perindustrian Kabupaten Lebak (ibukotana Rangkas). Memeh indit,
nyimpang heula ka kantorna, asistena ka kantor heula, mawa asin, uyah
jeung tarasi, minangka oleh-oleh bikeuneun ka urang Baduy. Sarupaning
oleh-oleh kitu teh cenah khas pikeun ka Baduy. Apal kawasan dinya,
kang Ade motong jalan-teu make jalan biasa pikeun mobil, tapi liwat
jalan rada goreng, tapi keukeuh ngebut.

Ti Ciboleger, aya jalan rada gede dibatu-tembok, nanjak, leumpang muru
ka kantor Jaro Kanekes. Gigireun tanjakan aya SD. Tapi barudak Baduy
mah cenah teu sarakola. Ari Jaro teh kepala desa. Ngaran jarona
Dainah. Lalaki bambang awak seseg kumis baplang. Teu beda ti prototip
pendekar. Kabeneran kudu antri heula da aya rombongan make jip willy's
keur ngobrol jeung Jaro oge jeung Mursid, wakil jaro nu urang Baduy
Jero, dina teras kantor jaro nu oge tempat dumuk Jaro (siga imah
dines, modelna nya ilahar imah Baduy). Bedana Baduy Luar (Panamping  &
Dangka) jeung Baduy Jero salah sahijina, dina kelir baju. Baduy Jero
sapopoe make baju bodas, diiket bodas, baduy luar hideung diiket kelir
hejo batik.  Handapeun kantor Jaro aya lembur Baduy luar, ngarana
Kaduketug. Si kuring ngasongkeun surat izin survey ti sakola. Jaro
ngan unggek, sanggeus netelakeun yen si kuring ti Bandung rek naliti
imah jeung parabot urang dieu. Kang Wahyu ngaharewos, cokot deui surat
teh. Kuring nurut. Basa keur leumpang dibejaan, yen percuma mikeun
surat, da moal dibaca. Urang baduy mah teu bisa maca, cenah!  Jaro teh
teu dipilih rakyat, tapi ditunjuk langsung ku puun. Puun (kepala adat,
atawa bisa jadi raja leutik, sanajan konsep raja teu dikenal di
baduy), ngan aya di tilu kampung Baduy Jero. Di baduy luar mah teu
aya, nu aya jaro. Kabehna aya tujuh jaro, tapi nu sarua jeung kades
mah Jaro Dainah. Judul Desertasi prof. Dr Yudhistira Garna di
Universitas Kebangsaan Malaysia, make eta, Tangtu telu jaro tujuh, jst
(1988).  

Di kantor jaro, aya foto2 jaro Dainah keur sasalaman jeung presiden
Megawati, oge sertifikat pikeu Jaro Dainah salaku salah saurang
narasumber dina hiji seminar,jsb

kang Wahyu mah terus ka landeuh, ka hiji imah Baduy nu salah sahiji
pacabakanana-salian ti patani huma umumna urang dinya, oge sok ngurus
bahan baku tenun, kayaning benang, kaen, jsb. Aya nu milu ti
Ciboleger, urang jawa nu kawin jeung urang dinya. Hartina, mas jono
eta, jadi urang baduy. Mantuan mawa ransel.

Di kantor Jaro, kang Wahyu boga kasempetan nanya Mursid, wakil jaro nu
urang baduy jero tea. Awakna bodas, jeung kasep, irung mancung kumis
janggot pantes. Siga bule cenah cek kang Wahyu mah. Nya tatanya soal
tenun baduy, motif atawa corakna. Istilah-istilah ngaran bagean-bagean
alat tenun urang baduy. Tapi rada kerok basa dikonfirmasi ka ibu-ibu
tukang tenun. Beda saeutik dina ngaran motif.  Aya tukang lotek. Nya
jajan heula. cowetna tina kai, ngarana jahas.

Kang Wahyu mah geus katilu kalina. Manehna mah nalungtik tenun Baduy.
Si kuring mah ngumpulkeun data perkara imah jeung parabotna. Bari can
puguh naha Baduy rek dijadikeun studi kasus atawa moal, da geus aya
jeung rada loba panalungtikan ngeunaan baduy mah, sanajan nu rek
ditaliti si kuring can aya.

Harita ge di kantor Jaro,  nginjeum golok nu dibawa kang Mursid rek
ditingalian. Tapi poho teu nanyakeun pesenan si Ua Sasmita, pikeun
nanyakeun ngaran ragam hias.. Ngan motoan wungkul. 

Terus leumpang nanjak ka kampung Gajeboh. Nya nuturkeun kamana kang
Wahyu we. Da rumasa nebeng. Hehe. Ongkoh kamana ge indit, pasti aya
bahan kumpulkeuneun mah, imah, jerona, parabotna. Difotoan. Hanjakal
baduy jero mah teu meunang di foto, kaci oge digambar sketsa. Jadi
dina teu nepina oge ka baduy jero (cibeo, cikertawana jeung cikeusik)
teu pati panasaran. Nya jaga mah kudu meureun ka baduy jero.

Rombongan, limaan, leumpang nanjak mudun, kesang badag kesang leutik
ngabring, kaos jibreg, muru kampung Gajeboh. Di jalan aya barudak keur
arulin maen gatrik. Di  kampung Gajeboh  aya urang Baduy nu kenal
deukeut jeung kadinas indag, ngarana Musung, ngora keneh. Usaha
sampinganana kana nenun. Disebut usaha sampingan, sabab urang baduy
boga pakasaban matuh, nya ngahuma tea. Kagiatan atawa usaha sejen
dilakukeun di luar waktu ngahuma. Musung keur dibina ku dinas indag
Lebak. Diantarana pangmeulikeun alat tenun khas dinya. Asana hijina
opat  ratus rebu. Nya lain pikeun Musung wungkul, tapi keur urang
dinya nu butuh. Musung mah meureun sarupaning koordinator atawa
contact person.

Nyimpang teh ka imah Arsad, nu keur naheur cai pikeun nyelup kaen di
kampung Balingbing, saacan Gajeboh. Imahna kaitung gede mun dibanding
tatanggana. Nya Arsad kaitung beunghar meureun, da imahna leuwih gede.
Sarua jeung Musung, usahana sampinganana kana tenun. Harita kang Wahyu
meuli sarung leutik. Si kuring ge nurutan, meuli sarung nu rada gede.
Sarua sarung teh, buleud molongo tea. Kelir biru kolot.

Hareupeun imah Arsad imah nu sejen, nu rohangan tepas jadi warung.
Kopi, chiki, indomie, nya kadaharan lolobana mah. Disuguhan kopi ku nu
boga imah, istrina Arsad nu bodas, tur manis, oge terus dahar di
dinya, rada lila da neanan heula tomat, jeung asin, jeung sambel.
Teuing ari urang manggih lalab ti mananya? Da urang Baduy mah daharna
teu make lalab. Sambel oge teu make lalab. Heuheu. Asin jeung asin
jeung asin we cenah.kadang jeung uyah wungkul. Beu! Tapi edun,
ngeunah. Da ongkoh cape jeung lapar. Di Gajeboh motoan jero imah kang
Arsad jeung kang Musung. Kaasup parabot imah kayaning boboko jeung
baris (boboko nu jangkung, khas baduy jero). Unggal imah baroga bobogo
atawa baris rada loba. aralus, teu nempo nu butut atawa rusak. Terus
ulin ka rawayan (jambatan) tina awi luhureun Ciujung. (ngaran SD
hareupeun lapangan Supratman Pussenif Bandung, ngaranna SDN Ciujung,
sigana ti ngaran walungan nu huluna di baduy ieu.

Ku Musung terus  diajak nempo saung lisung di tukang, rada sisi
walungan Ciujung. Lisung di dinya panjangna 8 meter. 

Beres ti dinya, bari cape jeung cape deui da jalana nanjak mudun,
balik deui ka Ciboleger. Rek terus ka kampung panamping sejen,
Ciranji. Naek heula mobil. Jalana alus, diaspal. Di kampung Ciranji
aya Pa Pulung atawa Ayah Narah (bapana Narah), ngaran aslina mah
Naispin (umur 48 cenah ngakuna). Geus lila wawuh jeung kang Wahyu.
Malah mun ka Bandung, sakapeung sok ngendong di imah kang Wahyu di
komplek Graha Bandung Indah Ciwastra. Pulung sok ngabandung mawa
produk Baduy jualeun, siga Kang Acin atawa bapa Samin nu kungsi
dicaritakeun bulan kamari nu panggih di Unpas. 

Pulung kabeneran keur ka huma/kebon. Di susul heula ku ojeg ti
Nangerang. Terus milu ka imahna di Ciranji. Di gerbang ka Ciranji aya
tulisan nu negeskeun yen wewengkon eta mangrupa hak adat milik ulayat
Baduy. Teu meunang diganti jadi lahan sejen. Dijieun ku pamarentah.
Enya, bari ngaku milik adat Baduy, sakalian ngajaga leuweung hulu
Ciujung. Sabab mun leuweung gundul, Rangkas bisa banjir! Sigana mun
dihulu Ciliwung aya kampung adat nu nguasa leuweungna, Jakarta moal
meunang banjir kiriman. Heuheu.

Geus rada sareupna nepi teh. Lemburna aya di landeuh. Jadi leumpang
teh mudun terus. Di imah Pulung aya stok barang jualeun, baju hideung
baju bodas, sarung jeung bedog (disebutna golok). Si kuring meuli,
kabeneran aya babaturan di pangulinan nu pesen baju baduy. Disuguha
dahar, sangu huma anyar. Beda euy, teu hipu siga sangu kota. Rada
teuas, tapi ngeunah we nu aya. Nambah malah. Jeung asin deui tambah
cengek uyah. Aya sih indomie, tapi lah nu kitu mah di bdg ge loba.
Pulung nawaran beas huma bawaeun ka Bandung, tapi barabe mawana,
ransel geus pinuh ku baju. Di ciranji mah walunganana leutik. Walungan
pikeun sarana mandi jeung sajabana. Peuting eta ngendong di bumina
Ayah Narah atawa kang Pulung.

Resep ngadenge cara ngobrolna, dialekna khas, salian ti aya
kecap-kecap nu khas tea,siga Kami jeung dia. Karek apal yen ngaran
lembur di rancaekek, dangdeur, eta teh basa Baduy pikeun..sampeu!

Parabot imah teu loba jinisna, tapi boboko atawa baris mah loba.
parabot ti toko geus aya, cara geulas, sendok, jsb. Tapi teu manggih
telebug atawa dingklik. Malah istilahna oge Pulung mah teu apaleun.
Sajorelat mikir, meureun sabab model hirupna ngahuma. Ari pare huma
mah teu perlu ditelebugan, da si pare teh napel we dina dahana. Teu
murag cara pare sawah!

Pulung cicing di imahna jeung istrina oge ibuna nu tos teu tiasa
ningali. Tos sepuh pisan. Ramana tos pupus lami. Aya nu aheng dina
soal nu maot. Kuburunana ngan ukur dibere waktu tujuh poe. Sanggeus
tujuh poe mah cenah, cek Pulung, bisa dipelakan tatangkalan! Tujuh poe
eta pikeun waktu karuhun mawa roh nu maot ka tempat ngumpulna, nya
cenah di sasaka domas tea. Jadi euweuh makam atawa kuburan nu
katingali di baduy mah. 

Ragam Hias
Ragam hias aya dua, nu dina kaen, disebut batik, nu dina pakakas mah
disebutna teh pamandangan. Heuheu. Enya nya, pamandangan.


Leuit
Baduy teh kuduna diconto dina masalah logistik. Unggal imah baroga
leuit. Jadi republik leuit. Makmur jeung sejahtera, dina harti geus
boga cadangan. Pulung boga leuit lima. Teu beak-beak pare huma teh,
jeung kuat puluhan taun! 

Leuit ditempatkeun rada anggang ti imah. Naha? Ieu strategi canggih
kaarifan lokal. Cenah mah pikeun nyegah beak sagala rupa mun imah
kahuruan. Sadar yen bahan imah teh tina bahan sarupaning kai jeung
awi, rada rawan kahuruan, nya leuit teh dipisahkeun rada anggang ti imah.


Isukna pabeubeurang balik ka rangkas. Ti luhureun lembur Ciranji,
nangerang, naek ojeg ka Gunung Kancana. Ongkosna, 40 rebu samotor.
Bari jalana sawareh bututs, aspal rusak tea. Ti Gunung Kancana naek
elf ka rangkas 15 rebu saurang.

Sakitu nu kapihatur. Nuhun ka kang Wahyu nu tos jadi `malaikat
penolong' ka si kuring nu keur sutres dicarekan profesor pedah can
survey wae. Heuheu. balik ka bdg, suvenir teh ledis ku babaturan,
diganti hargana wungkul, capena mah henteu. nu nyesa golok jeung iket.

Kanu hayang apal perBaduyan, salian ti bisa nganjang iraha-iraha ka
dinya, diantara buku2 di toko buku, aya buku beunang R. Cecep Eka
Permana, Tata Ruang Masyarakat Baduy, diangkat tina tesisna di
Antropologi UI. Rada lengkep ngan euweuh foto wungkul. 

Foto2 Baduy aya di mangjamal.multiply.com



Kirim email ke