Nganjang ka kampung
Kuta Ciamis
 
Kampung Kuta lebahna di desa
Karangpaninggal, Tambaksari Ciamis. Bates wetan, walungan cijolang nu jadi
batas jabar jeung jateng daerah dinya. Beulah kidul mah, citanduy tea. 
 
Indit teh di imah sobat SMA di
Panamun Ciamis baheula mah deukeut jeung imah panyair Sunda the best of the 
best, Godi Suwarna, ayeuna kang Godi pindah cenah ka deukeut stasion. peuting 
eta ngendong heula bari reuni duaan di panamun. isukna dianteur kana motor ku 
alona, mahasiswa pertanian
universitas galuh ciamis. Asana mah cek buku meunang motokopi, jarak
ciamis-kampung kuta teh, 37 km. Jalana gede. Sawareh aspal rusak tea, has pisan
negeri nu loba korupsi.  bujur karasa panas. jadi mindeng eureun heula, lain 
niiskeun mesin bebek, tapi niiskeun bujur. haha. Ka jero kampung oge di aspal.
 
Bedana jeun kampung Naga Salawu
Tasik, imah-imah di Kampung Kuta mah nyebar, teu ngajajar cara di kampung Naga.
Di kampung kuta mah parobahanana loba. naon nu teu aya dina pamali atawa
larangan karuhun, nya dipake. Cara tv, radio, hp, parabola. Panutup lantey
vinyl oge aya. Dinding tina triplek oge kaci. Triplek pan tina kai. Hihi. Model
imah sarua, alis tipikal. Sarua jeung kampung adat lain, panggung, make
tatapan, rangka kai, dinding sawareh bilik sawareh papan. Lantai palupuh atawa
papan.
 
Di dinya aya tilu pupuh nu
masing2 ngurus bidang nu beda. Kepala adat, Pa Karman. Ari nu ngurus leuweung
karamat, kuncen atawa juru kunci, Pa Maryono, nu ieu turunan. Malah sabenerna
nu geus ti baheula mula aya mah, eta key corner leuweung larangan. Da ketua
adat mah ti taun 2002, basa rek meunang Kalpataru. Ari adat soal imah mah,
cenah hirup di masyarakat, jadi sanajan ti dituna teu aya ketua adat, imah
urang dinya, nya kitu. Patuh ka tatalah karuhuns. Sesepuh nu munggaran nganjrek
di dinya cenah mah aki Bumi, terus aki Dano, mainah, rasipan, jeung Karsan. 
 
Terus aya deui RW, pa Raswan nu
ngurus pamarentahan. Kampung Kuta dibagi tilu RT hiji RW. Kabeneran aya nu maot
harita teh, jadi wawancara sakeudeung, da kapala adat jeung warga ngalayad
kabeh, ibu-ibu mah bari mawa baskom eusi beas.
 
Pantangan di dinya diantarana teu
meunang nyieun sumur. Jadi cai pikeun mandi (sawareh kamer mendi geus
ditapelkeun di gigireun imah atawa tukangeun, misah) make cai nu disalurkeun ti
ci nyusu (seke). Kusabab imah teu meunang ditembok, nya make wadah cai sejen,
fiber mah meunang!. Ditanya naha teu meunang, naha panggung, jsb,
jawabna nya da kitu amanat karuhun oge. hehe. Cekap!
 
Imah teu meunang nyekon (maksudna
siga hurup L), kudu lempeng. Bahan tina kai jeung awi. Teu meunang temboks. Di
dinya mah, dapur teh di handap, dina taneuh, teu palupuh cara di kampung naga
jeung baduy.  Bagean imah sejena,
panggung. 
 
Taun 2002, kampung Kuta meunang
Kalpataru. Aya replikana badag. Aslina mah di imah katua adat. Meunang
kalpataru, sabab sukses ngawetkeun leuweung nu legana 40 hektar. Tangtu awet,
sabab eta leuweung karamat. Malah sabenerna, asal mula karuhun urang kampung
Kuta teh eta, nu dititah raja galuh pikeun ngajaga leuweung tutupan nu cenah
baheula loba barang-barang karajaan galuh nu diangkut ka dinya da di Kuta eta
asalna rek diadegkeun karajaan Galuh. Ngan teu jadi da tanahna labil. Ari
lokasi mah alus cenah, da di lingkung ku tebing gawir vertikal jangkung, lembur
kuta aya di handapna. Tah si tebing gawir eta ti arah kuta mah siga benteng.
Kuta teh pan benteng basa sunda antik. Leuweung larangan ayana kiduleun
kampung, dipisah ku sawah. Imah aya 112 unit tipe 5 x 10 atawa 6 x 11.  
 
The pakasaban utama of urang Kuta
kana nyadap lahang, dijieun gula kawung tea. Atuh meuli genep kilo, genep 
boronjong bawaeun
balik. Nepi ka bdg mah kari saboronjong. disita ku Dede (mitoha pameget, yuswa 
77 taun) da perlu pikeun ubar. haha. 

 
Ayeuna keur neangan bekel jeung
batur rek ka kampung Pulo jeung kampung Dukuh Garut, atawa Cikondang bandung 
kidul, terus
kampung Mahmud, terus Ciptagelar Sukabumi.  Mun loba bekel mah, hayang oge ka 
pasisian atawa pedalaman neangan imah
sunda nu masih keneh make hateup kiray, panggung, jst. 
 
Foto2na rek ditapelkeun di
mangjamal.multiply.com


      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ

Kirim email ke