[email protected] wrote: > > > File : /Kencleng/April2008.xls > Uploaded by : mangjamal <[EMAIL PROTECTED] > <mailto:mangjamal%40yahoo.com>> > Description : kencleng april 2008 > > You can access this file at the URL: > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/files/Kencleng/April2008.xls > <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/files/Kencleng/April2008.xls> >
ki sundas, ngabandungan laporan "kaduitan" kencleng, aya sababaraha hal nu peryogi didugikeun: artos dina kas: Sesa Maret 2008 6.090.364 [lumayan bae lah...] tapi Beasiswa April 2008 500.000 20 murid di Linggajati Kuningan [cekap kana naon, kang artos 25 rebu sa bulan?] sementawis oge: NN Bandung 20.000 kencleng [teu isin?] paingan atuh paingan mutu atikan di urang hese beleke kana majuna teh, da memang baiayana oge sakadaek, kitu deui oge urangna nu cenah peduli, kanyataanana mah kko! ngeusian kencleng ge tamba henteu bae ieu mah. sok atuh aya ideu, kumaha carana urang tiasa ngumpulkeun dana pikeun ningkatkeun jumlah beasiswa ka anak-anak urang? ulah mung saukur 25 rebu sabulan tiap anak - teu sarebu-rebu acan sapoena! padahal terang, biaya pendidikan teh mahal, memang di sababaraha tempat spp dibebaskeun alias gratis, tapi pan ari seragam atawa buku pelajaranana mah henteu. sareng deuih peryogina oge teu tiasa ditungtut, sugan buku pelajaran teh tiasa meser dua atanapi tilu kaca heula. teu kitu pan? janten mungkin carana masihan digeblok sakalikeun, kumaha kaperyogian kanggo nedunan meser buku sste. tah ka mang jamal, sok berelekeun nomer rekeningna, mangga geura antosan pasti bakal seueur nu ngeusian ari tos kantenan aya hasilna mah. sakitu bae nun..........

