hehe. nuhun kana perhatosanana. mudah2an we eta tanda rek miluan ngencleng.
ngan hanjakal make ngaledek kanu ngencleng saeutik. kudu mikirna model si
kabayan atuh.
dibalik:
sakitu ge mending masih keneh milu paduli.

awalna, kusabab yp teu boga duit, nu nymbang karek bisa diitung ku jari,
utamana nu ngencleng matuh
nya ngan sanggup 50 rebu sabulan pikeun 10 urangeun. tapi ku kades
linggajati pikeun 20 urangeun, jadi 25rebu saurang/bulan. utamana anak
yatim. nya mahi teu mahi, wayahna da karek bisa sakitu. teu kudu
ngarasula, da meureun baraya sejen nu can bisa miluan program beasiswa atawa
pabukon nu geus jalan, lain teu hayang, can kadarugaeun alias mariskin
keneh. heuheu.

program mantuan dulur di lembur sasunda mun bisa mah langsung ku
masing-masing, dulur pisan atawa tatangga di kampung paranti mudik, atawa di
lembur sejen. mun teu bisa atawa teu kaburu bisa nitip ka yp.
nu geus jalan pabukon komunitas. payu progarm ieu teh.

no.rek aya di handap rekap kencleng unggal bulan.


>
> ki sundas,
> ngabandungan laporan "kaduitan" kencleng, aya sababaraha hal nu peryogi
> didugikeun:
> artos dina kas: Sesa Maret 2008 6.090.364 [lumayan bae lah...]
> tapi Beasiswa April 2008 500.000 20 murid di Linggajati Kuningan [cekap
> kana naon, kang artos 25 rebu sa bulan?]
> sementawis oge: NN Bandung 20.000 kencleng [teu isin?]
> paingan atuh paingan mutu atikan di urang hese beleke kana majuna teh,
> da memang baiayana oge sakadaek, kitu deui oge urangna nu cenah peduli,
> kanyataanana mah kko! ngeusian kencleng ge tamba henteu bae ieu mah.
> sok atuh aya ideu, kumaha carana urang tiasa ngumpulkeun dana pikeun
> ningkatkeun jumlah beasiswa ka anak-anak urang? ulah mung saukur 25 rebu
> sabulan tiap anak - teu sarebu-rebu acan sapoena!
> padahal terang, biaya pendidikan teh mahal, memang di sababaraha tempat
> spp dibebaskeun alias gratis, tapi pan ari seragam atawa buku
> pelajaranana mah henteu. sareng deuih peryogina oge teu tiasa ditungtut,
> sugan buku pelajaran teh tiasa meser dua atanapi tilu kaca heula. teu
> kitu pan?
> janten mungkin carana masihan digeblok sakalikeun, kumaha kaperyogian
> kanggo nedunan meser buku sste.
> tah ka mang jamal, sok berelekeun nomer rekeningna, mangga geura antosan
> pasti bakal seueur nu ngeusian ari tos kantenan aya hasilna mah.
> sakitu bae nun..........
>
>  
>



-- 
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com

Kirim email ke