Beja ceuk beja, Pamarentah bakal naekkeun harga BBM alias bahan bakar minyak.
dina TV ditingalikeun Loba jalma nu teu satuju, lantaran naekna harga BBM bisa
ngabalukarkeun Inflasi. Beh dituna, Inflasi bisa nyusahkeun masyarakat,
Pangpangna rahayat leutik. Aya ge nu susumbar, ceunah mah inflasi bisa
ngakibatkeun naekna jumlah masyarakat miskin.
Naha enya kitu???
Ceuk sawatara jalma sejena, mun harga BBM teu dinaekkeun mangka beban
Pamarentah bakal terus nambahan, defisit APBN bakal terus ngagedean.
Kumaha atuh nu benerna???????????????????
Ceuk abdi mah mending keneh Subsidi BBM teh dialihkeun ka subsidi Pendidikan.
Supaya jalma Indonesia teh palalinter jeung teu putus sakola. Engke mah Nu
putus sakola teh memang nu males diajar wungkul lain lantaran ku teu gaduh
artos.
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.