H Surtiwa wrote:
>
> Ari kana sumanget nasional na mah..hade kudu disokong...tapi teu 
> nyata....kulantaran anu diadu renyomkeun teh fakta...sanes 
> "if"......Jasa teu jasa mah relatif...tapi jalan Anyer -panarukan fakta...
>





tong lepat kang haji, pami teu ku daendels oge - utamina jalan cadas 
pangeran - pan aya kang tresna wardhana sinareng balatentarana nu bade 
ngawangun jalan eta teh [sanaos ngantos taun 1980 heula oge].
sakali deui mung sakadar fakta bae;
jalan kareta api, rencanana jaman walanda diwangun di 3 pulo [sumatera, 
jawa sareng sulawesi], mung  sulawesi mah teu kajantenan.  faktana 
[deui], dugi ka ayeuna panjang rel kareta teh  dibanding paninggalan 
warisan ti walanda tos ngirangan sakitar 40%-na panjangna teh [tong 
nyarios aya panambihan rel enggal mah - iwal trek ganda 
jakarta-bandung]. katambih deui kondisi nu aya oge - jaman kiwari teh- 
kondisina matak pikawatireun [numawi seueur kacilakaan].
janten ayeuna mah urang sukuran nu aya bae, ku jalan ngamumule nu aya, 
sae pami teras urang tiasa masihan mangpaat ka nagara pikeun karaharjaan 
rahayat balarea.
kondisi nagara ayeuna teh keur gering - parna malah!
ulah ieu mah dipoles ku sagala kaributan, demo, ngahujat jeung ngahujat, 
sesat menyesatkan bari teu terang mana nu sesat [pedah beda jeung 
balarea nu loba], bari ngalakukeun pagawean nu kontra produktif - matak 
surak deungeun nu memang ngahaja sangkan urang sangsara.
urang hargaan hasil gawe para "pahlawan" kamerdekaan urang [ulah  aya 
pendapat pami teu aya soekarno oge - pedah cek rejim soeharto, soekarno 
teh "penghianat" bangsa- bakal aya proklamator lianna, sanes kitu kang 
tresna?].
faktana deui bae, para pahlawan kamerdekaan teh sanes mung sakadar 
saurang atanapi dua urang tapi seueur, sanes mung urang muslim wungkul, 
tapi oge ti para penganut agama sanesna - harita bersatu silih bantu 
pikeun ngawujudkeun tujuan bersama [numawi dina dasar nagara - pembukaan 
uud 45,  7 kecap: "dan kewajiban mengamalkan syariat islam bagi 
pemeluk-pemeluknya" dipupus tina piagam djakarta]. ieu oge tawis nagara 
urang teh sanes milik hiji agama wae, tapi panganut agama sanes oge 
tiasa disebat salaku "stakeholder" nkri ieu.
sementawis kitu bae nun.............
salam,
yadi

> On 5/7/08, *Tessar Wardhana* <[EMAIL PROTECTED] 
> <mailto:[EMAIL PROTECTED]>> wrote:
>
>     Kuring mah malah kapikiran mun euweuh Daendels nu boga
>     ide nyieun ieu jalan emangna ruhayat moal pernah aya
>     nu boga inisiatif nyieun jalan nu sarua?
>     Yakin da soal kabutuhan hiji daerah kawas jalan mah
>     pasti aya pencetusna rek sasaha oge. Coba mun
>     pencetusna ti ruhayat sorangan mah teu perlu
>     ngorbankeun rebuan ruhayat sorangan pan?
>
>     Daendels mah teu boga jasa keur kuring mah... kabeh ge
>     bisa boga ide jeung mingpin wungkul mah.
>
>     wallahu 'alam bi ashawab
>
>     Baktos
>     Tessar
>




Kirim email ke