Sae pisan yi ngungkap faktana.sareng realitana .nya fakta mah tetep
fakta..Anu sedih etanya Jalan kareta sanes manjangan kalahka mondokkan.....

On 5/7/08, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   H Surtiwa wrote:
> >
> > Ari kana sumanget nasional na mah..hade kudu disokong...tapi teu
> > nyata....kulantaran anu diadu renyomkeun teh fakta...sanes
> > "if"......Jasa teu jasa mah relatif...tapi jalan Anyer -panarukan
> fakta...
> >
>
> tong lepat kang haji, pami teu ku daendels oge - utamina jalan cadas
> pangeran - pan aya kang tresna wardhana sinareng balatentarana nu bade
> ngawangun jalan eta teh [sanaos ngantos taun 1980 heula oge].
> sakali deui mung sakadar fakta bae;
> jalan kareta api, rencanana jaman walanda diwangun di 3 pulo [sumatera,
> jawa sareng sulawesi], mung sulawesi mah teu kajantenan. faktana
> [deui], dugi ka ayeuna panjang rel kareta teh dibanding paninggalan
> warisan ti walanda tos ngirangan sakitar 40%-na panjangna teh [tong
> nyarios aya panambihan rel enggal mah - iwal trek ganda
> jakarta-bandung]. katambih deui kondisi nu aya oge - jaman kiwari teh-
> kondisina matak pikawatireun [numawi seueur kacilakaan].
> janten ayeuna mah urang sukuran nu aya bae, ku jalan ngamumule nu aya,
> sae pami teras urang tiasa masihan mangpaat ka nagara pikeun karaharjaan
> rahayat balarea.
> kondisi nagara ayeuna teh keur gering - parna malah!
> ulah ieu mah dipoles ku sagala kaributan, demo, ngahujat jeung ngahujat,
> sesat menyesatkan bari teu terang mana nu sesat [pedah beda jeung
> balarea nu loba], bari ngalakukeun pagawean nu kontra produktif - matak
> surak deungeun nu memang ngahaja sangkan urang sangsara.
> urang hargaan hasil gawe para "pahlawan" kamerdekaan urang [ulah aya
> pendapat pami teu aya soekarno oge - pedah cek rejim soeharto, soekarno
> teh "penghianat" bangsa- bakal aya proklamator lianna, sanes kitu kang
> tresna?].
> faktana deui bae, para pahlawan kamerdekaan teh sanes mung sakadar
> saurang atanapi dua urang tapi seueur, sanes mung urang muslim wungkul,
> tapi oge ti para penganut agama sanesna - harita bersatu silih bantu
> pikeun ngawujudkeun tujuan bersama [numawi dina dasar nagara - pembukaan
> uud 45, 7 kecap: "dan kewajiban mengamalkan syariat islam bagi
> pemeluk-pemeluknya" dipupus tina piagam djakarta]. ieu oge tawis nagara
> urang teh sanes milik hiji agama wae, tapi panganut agama sanes oge
> tiasa disebat salaku "stakeholder" nkri ieu.
> sementawis kitu bae nun.............
> salam,
> yadi
>
> > On 5/7/08, *Tessar Wardhana* <[EMAIL PROTECTED]<tessartea%40yahoo.com>
> > <mailto:[EMAIL PROTECTED] <tessartea%40yahoo.com>>> wrote:
> >
> > Kuring mah malah kapikiran mun euweuh Daendels nu boga
> > ide nyieun ieu jalan emangna ruhayat moal pernah aya
> > nu boga inisiatif nyieun jalan nu sarua?
> > Yakin da soal kabutuhan hiji daerah kawas jalan mah
> > pasti aya pencetusna rek sasaha oge. Coba mun
> > pencetusna ti ruhayat sorangan mah teu perlu
> > ngorbankeun rebuan ruhayat sorangan pan?
> >
> > Daendels mah teu boga jasa keur kuring mah... kabeh ge
> > bisa boga ide jeung mingpin wungkul mah.
> >
> > wallahu 'alam bi ashawab
> >
> > Baktos
> > Tessar
> >
>
> 
>

Kirim email ke