Mimitina mah nulis saeutik perkara ragam hias dina pakarang 
(http://www.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritadetail&id=18778), bet asa 
hayang katutuluyan, nya ngaprak ka Cibatu Cisaat Sukabumi, manggihan Haji Aas, 
pengrajin bedog. Kitu deui ulin ka Galonggong Manonjaya Tasikmalaya, sarua 
neangan bedog, lain neangan bedog ketah tapi ngan saukur motret bari sakalian 
tatanya rupa-rupa wilah ngaran bedog, rupa-rupa ngaran perah bedog, rupa-rupa 
wangun sarangka jeung rupa-rupa wangun simeut meuting.
Anu geus rada kapanggih kakara ti tilu tempat nyaeta ti Pasir Jambu Ciwidey (ka 
ieu tempat mah kakara studi pustaka), jeung dua tempat anu disebutkeun di 
luhur, eya eta ge sauetik-eutikeun ti Ciomas Banten.
Ngaran wilah bedog anu kacatet aya kana 26 ngaran, ngaran perah bedog aya 30, 
ari simeut meuting aya kana 33.
Ngaran bedog upamana salam nunggal, paut nyere, sonten bening, buntut lubang, 
ujung turun jste. Ngaran Perah eluk paku, eluk duhong, cinghol, ekek, buhaya, 
wayang, jengkol sagendul, golong tambang, priaman, mantri diuk, jawer hayam, 
ceker kidang jste. Ngaran simeut meuting daun lake, papatong eunteup, cakcak, 
kujang, kembang, godobos, bogo nolol, sopak lodong, jste.
Wangun hiasan aya beubeut nyere, suluran, jeung ukiran anu saluyu jeung 
ngaranna, upamana dina perah ekek nya ukiranana keur masieup ekek, dina perah 
buhaya aya ukiran keur masieup anu aya kaitanana sifat buhaya.
Antara tilu tempat aya ngaran-ngaran wilah bedog anu sarua tapi wangun wilah 
beda, saperti salam nunggal, di Cibatu Cisaat Sukabumi tungtungna henteu 
mencos, tapi salam nunggal di Ciwidey mah mencos. Anu mencos di Cibatu Cisaat 
disebutna paut nyere.
Ngaran beubeut nyere keur di Galonggong jeung Cibatu mah eta teh hiasan/ ukiran 
dina perah bedog, tapi di Ciwidey mah eta teh ngaran wilah bedog.
Bedog Sulangkar di Banten, lamun sulangkar dihartikeun bedog anu aya 
gurat-gurat pamorna (damascus style), di Galonggong mah disebutna teh bedog 
balik mipih.
Ari ngaran bagian-bagian tina sarangka aya gado istilah di Cibatu Cisaat, tutup 
luhur istilah di Galonggong, bagian handap disebut sopal atawa tutup handap, 
istilah sejen nyaeta beubeur jeung simpay. Ragam hias nu aya dina sarangka keur 
di dua tempat nyaeta di Galonggong jeung Cibatu Cisaat teu pati, anu leuwih 
beunghar ku ukiran ayana di Ciwidey (minggu hareup kuring rek ka Ciwidey rek 
maluruh eta istilah hiasanana).

Nu jadi pertanyaan : Naha kecap Golok jeung Bedog teh sarua..? Ti iraha kecap 
bedog aya dina basa Sunda?, naha bet muncul ieu pertanyaan sabab dina naskah 
kuno Siksakandang Karesian mah nu dipake kecap golok lain bedog. Kecap bedog 
aya dian kamus Jonathan Rigg (1862), ngan can macaan deui dina carita pantun.
Aya nu natrat sarua unggal gosali boga ngaran beubeut nyere, salam nunggal, 
paut nyere, sogok iwung, (aya nu sarua) naha ieu teh aya hubunganana jeung 
Panday Domas.?
Aya henteu makna simbolis dina bedog..? (tah ieu ge keur dikorehan)
Ngaran-ngaran wilah bedog, perah, simeut meuting, karasana teh bet eksotis, 
karasa beda,....naha?. Aya oge ngaran bedog anu nyoko kana fungsi saperti bedog 
soto (bedog keur nyacag daging keur soto), bedog pamoroan, bedog kalapa (bedog 
keur mesek tapas kalapa, ari keur ngabutik mah beda deui nyaeta bedog gayot), 
bedog daging, bedog pamilikan (bedog keur nyieun bilik).

Aya nu tiasa masihan bongbolongan..?

MSasmita




Kirim email ke