Sim kuring mah sok ngarasa muriang ku sirik meureun.
Mangga pak Sasmita abdi ngarojong ku du'a 
mugia Allah netepkan kasehatan
sareng masihan memudahkan sagala rupa urusan. 
Amin


--- In [email protected], MRachmat Rawyani
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Si kabayan nyolendang bedog, diuk di golodog keur
> ngajedog bari teu weleh gogodeg, jigana keur ngalamun
> ngagodog gogog, teu lila aya sora gogog ngagogog,
> Kabayan ngorejat terus ngabaledog gogog. Gogogna
> babaung gog..gog..gog..gog.....
> 
> Wah, mun kuring dosen, naon anu nuju disorang ku Ua
> Samita rek diklasifikasikeun panalungtikan satingkat
> doktor (S3)dipeunteun dalapan. Bu Idat wae (Dosen
> Sastra Sunda di Unpad) nalungtik perkara kecap
> anteuran, bisa ngagondol doktor.
> 
> Wilujeng Ua, seratanana lebetkeun ka Wikipedia Sunda.
> 
> baktos,
> 
> mrachmat uidipura
> 
> --- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Mimitina mah nulis saeutik perkara ragam hias dina
> > pakarang
> >
> (http://www.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritadetail&id=18778),
> > bet asa hayang katutuluyan, nya ngaprak ka Cibatu
> > Cisaat Sukabumi, manggihan Haji Aas, pengrajin
> > bedog. Kitu deui ulin ka Galonggong Manonjaya
> > Tasikmalaya, sarua neangan bedog, lain neangan bedog
> > ketah tapi ngan saukur motret bari sakalian tatanya
> > rupa-rupa wilah ngaran bedog, rupa-rupa ngaran perah
> > bedog, rupa-rupa wangun sarangka jeung rupa-rupa
> > wangun simeut meuting.
> > Anu geus rada kapanggih kakara ti tilu tempat nyaeta
> > ti Pasir Jambu Ciwidey (ka ieu tempat mah kakara
> > studi pustaka), jeung dua tempat anu disebutkeun di
> > luhur, eya eta ge sauetik-eutikeun ti Ciomas Banten.
> > Ngaran wilah bedog anu kacatet aya kana 26 ngaran,
> > ngaran perah bedog aya 30, ari simeut meuting aya
> > kana 33.
> > Ngaran bedog upamana salam nunggal, paut nyere,
> > sonten bening, buntut lubang, ujung turun jste.
> > Ngaran Perah eluk paku, eluk duhong, cinghol, ekek,
> > buhaya, wayang, jengkol sagendul, golong tambang,
> > priaman, mantri diuk, jawer hayam, ceker kidang
> > jste. Ngaran simeut meuting daun lake, papatong
> > eunteup, cakcak, kujang, kembang, godobos, bogo
> > nolol, sopak lodong, jste.
> > Wangun hiasan aya beubeut nyere, suluran, jeung
> > ukiran anu saluyu jeung ngaranna, upamana dina perah
> > ekek nya ukiranana keur masieup ekek, dina perah
> > buhaya aya ukiran keur masieup anu aya kaitanana
> > sifat buhaya.
> > Antara tilu tempat aya ngaran-ngaran wilah bedog anu
> > sarua tapi wangun wilah beda, saperti salam nunggal,
> > di Cibatu Cisaat Sukabumi tungtungna henteu mencos,
> > tapi salam nunggal di Ciwidey mah mencos. Anu mencos
> > di Cibatu Cisaat disebutna paut nyere.
> > Ngaran beubeut nyere keur di Galonggong jeung Cibatu
> > mah eta teh hiasan/ ukiran dina perah bedog, tapi di
> > Ciwidey mah eta teh ngaran wilah bedog.
> > Bedog Sulangkar di Banten, lamun sulangkar
> > dihartikeun bedog anu aya gurat-gurat pamorna
> > (damascus style), di Galonggong mah disebutna teh
> > bedog balik mipih.
> > Ari ngaran bagian-bagian tina sarangka aya gado
> > istilah di Cibatu Cisaat, tutup luhur istilah di
> > Galonggong, bagian handap disebut sopal atawa tutup
> > handap, istilah sejen nyaeta beubeur jeung simpay.
> > Ragam hias nu aya dina sarangka keur di dua tempat
> > nyaeta di Galonggong jeung Cibatu Cisaat teu pati,
> > anu leuwih beunghar ku ukiran ayana di Ciwidey
> > (minggu hareup kuring rek ka Ciwidey rek maluruh eta
> > istilah hiasanana).
> > 
> > Nu jadi pertanyaan : Naha kecap Golok jeung Bedog
> > teh sarua..? Ti iraha kecap bedog aya dina basa
> > Sunda?, naha bet muncul ieu pertanyaan sabab dina
> > naskah kuno Siksakandang Karesian mah nu dipake
> > kecap golok lain bedog. Kecap bedog aya dian kamus
> > Jonathan Rigg (1862), ngan can macaan deui dina
> > carita pantun.
> > Aya nu natrat sarua unggal gosali boga ngaran
> > beubeut nyere, salam nunggal, paut nyere, sogok
> > iwung, (aya nu sarua) naha ieu teh aya hubunganana
> > jeung Panday Domas.?
> > Aya henteu makna simbolis dina bedog..? (tah ieu ge
> > keur dikorehan)
> > Ngaran-ngaran wilah bedog, perah, simeut meuting,
> > karasana teh bet eksotis, karasa beda,....naha?. Aya
> > oge ngaran bedog anu nyoko kana fungsi saperti bedog
> > soto (bedog keur nyacag daging keur soto), bedog
> > pamoroan, bedog kalapa (bedog keur mesek tapas
> > kalapa, ari keur ngabutik mah beda deui nyaeta bedog
> > gayot), bedog daging, bedog pamilikan (bedog keur
> > nyieun bilik).
> > 
> > Aya nu tiasa masihan bongbolongan..?
> > 
> > MSasmita
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> 
> 
> 
>      
____________________________________________________________________________________
> Be a better friend, newshound, and 
> know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now. 
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ
>


Kirim email ke