teu honcewang, sumoreang
tekadna pahlawan bangsa
cadu mundur, pantrang mulang
mun maksud ta can laksana
berjuang keur lemah cai
lali rabu tur tega pati
taya basa menta pamulang tarima
ikhlas, rido, keur korban merdeka

Die Cikiray <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            Manuk Dadali

Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun janjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggaos reujeung pamatuka ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung partentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan ka sieun leber wawanenna

chorus
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk dadali pang kakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia

isma shaff <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            Assalamu'alaikum Wr. Wb.
  Baraya, manawi aya nu uninga nada Karatagan Pahlawan dina pentatonis. Abdi 
kaleresan ngawulang di Jakarta Selatan palay ngenalkeun salah sawios lagu sunda 
ka murid-murid.
  Hatur nuhun sateuacanna.

Nu kitu sanes?? hehehehe

   
  Wassalamu'alaikum Wr. Wb.
   
   
  Pun Isma
         

---------------------------------
Be a better friend, newshound, and  know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it 
now.  
           

---------------------------------
  Yahoo! For Good. Give and get cool things for free, reduce waste and help our 
planet. Plus find   hidden Yahoo! treasure  

       
---------------------------------
Sent from Yahoo! Mail.
A Smarter Email.

Kirim email ke