Ju .... maju maung Bandung ....
Prak tandang mawa harepan
ulah ringrang tong hariwang
kade poho cantik sportip di lapangan
eleh meunang olah raga mah biasa
nu penting mah urang teh berjuang heula
jung padungdung geura tarung persib bandung
................
eeeehhh .... di jakarta mah entong ketang
bisi di baledogan ...
Die Cikiray <[EMAIL PROTECTED]> wrote: teu
honcewang, sumoreang
tekadna pahlawan bangsa
cadu mundur, pantrang mulang
mun maksud ta can laksana
berjuang keur lemah cai
lali rabu tur tega pati
taya basa menta pamulang tarima
ikhlas, rido, keur korban merdeka
Die Cikiray <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Manuk Dadali
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun janjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggaos reujeung pamatuka ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung partentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan ka sieun leber wawanenna
chorus
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk dadali pang kakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia
isma shaff <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Baraya, manawi aya nu uninga nada Karatagan Pahlawan dina pentatonis. Abdi
kaleresan ngawulang di Jakarta Selatan palay ngenalkeun salah sawios lagu sunda
ka murid-murid.
Hatur nuhun sateuacanna.
Nu kitu sanes?? hehehehe
Wassalamu'alaikum Wr. Wb.
Pun Isma
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it
now.
---------------------------------
Yahoo! For Good. Give and get cool things for free, reduce waste and help
our planet. Plus find hidden Yahoo! treasure
---------------------------------
Sent from Yahoo! Mail.
A Smarter Email.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com