Bodor garing.. tarjamahan bebas Si kulup meuli hape anyar Manehna tuluy nge-sem-es ka sakumna nu aya dina phone book na Eusi na teh kieu .. "Nomer hape kuring diganti nu baheula N3310 , nu anyar N6610
Sikulup ngadongeng ka tatanggana Bari jeung agul manehna ngomong Kulup : Anak urang ayeuna di fakultas kedokteran UI Tatangga : Maenya, Nalungtik naon manehna di fakultas kedokteran UI? Kulup : Teu keur nalungtik keur ditalungtik Sikulup datang ka dokter Kulup : dok , aneh yeuh saya unggal peuting ngimpi mengbal wae Dokter : tah ieu pel di inum memeh sare , tangtu tibra teu ngimpi Kulup : meunang teu nginumna isukan ? ku sabab engke peuting mah final na Si kulup ngomong ka pamajikana Si kulup : mun urang maot eneng rek kawin deui ? Pamajikan : moal kang, kuring mah rek saimah jeung teteh kuring , ari akang mun kuring maot rek kawin deui ? Si kulup : moal atuh neng , sarua akang oge rek sa imah jeung teteh na eneng.... Kunaon su kulup keur sakola teu pinter-pinter Ku sabab mun guruna ngahapus catetan di papan tulis, si kulup oge ngahapus catetan dina buku manehna Si kulup jadi salesman vakuum cleaner, Ngetrok panto hiji imah tuluy di buka, Dasar si kulup teu make basa-basi heula, langsung asup ka jero imah bari ngawur-ngawur tai embe ka unggal juru karpet, bari ngomong Kulup : Sok lah ceu.. mun ieu vacuum cleaner teu sanggup ngabersihan tai embe , didaharan hiji2 tai embena ku saya Eceu : rek jeung kurupuk atawa sambel daharna ? Si kulup bingung : naha ? Eceu : na ari maneh teu di tempo heula ayeuna keu pareum lampu... Si kulup keu aya di jero bar karaoke, tuluy hapena disada Kulup : hallo, nyaho ti saha maneh urang aya di dieu ... Sikulup nitah pamajikannana nyebor kembang di buruan Pamajikan : tempo tuh pan keur hujan.. Si kulup : naaa ari maneh, make payung atuh tuluy cebor kembangna Si kulup nempo lomba marathon; Si kulup : na eta kabeh jelema lumpat paheula-heula Batur : ieu teh balap lumpat.. engke mun juara meunang piala Si kulup : naha mun ngan juarana nu meunang piala, anu lain milu lumpat

