Tos saminggu ieu sim kuring nuju di Warsawa Polandia nyandak tim kasenian
Unpad. Diulem ku panitia "Indonesia Expo" nu diayakeun ku Kedubes RI di
Polandia.
Salian kesenian Sunda ti Unpad sareng angklung Mang Udjo, ditampilkeun oge tim
ti Sumatera Utara sareng tim Shangrila Bunda pimpinan Elly Kasim. Ternyata,
seni ti tatar Sunda pinunjul pisan.
Angklung sukses. Tim Unpad nu nampilkeun aneka tarian sareng rampak kendang oge
diminati ku bule. Tim Unpad ku TV Polandia (TVP-1) disuhunkeun tampil. Dinten
kadua oge kedah tampil di hiji college (sakolaan). Di college ieu malah
dicobian nampilkeun Wayang Golek nu dongengna singkat ngan 15 menit.
Alhamdulillah sukses oge. Barudak ger-geran seuri.
Di acara gala dinner di hotel Hilton Warsawa, tim ti propinsi nu sanes mung
dianggap sebagai hiburan makan malam. Artis di panggung, bule mah tuang weh
bari ngobrol. Trio Batak ti Sumut nu kedahna tampil 3 lagu, ngadat. nembe 2
lagu langsung turun panggung. "Percuma, kita dicuekin" saurna.
Tapi pas Rampak Kendang ti Unpad sareng Angklung Ujo, responna luar biasa.
Dinten Minggu kamari oge, sejumlah seniman mahasiswa ti sababaraha PT di
Warsawa ngajak tim Unpad "Ngamen" di cafe jalanan di Warsawa. Alhamdulillah,
nabeuh bari make kaos jeung jins, oge mahasiswi unpad ngengklak, jadi tontonan
margi dipintonkeun di trotoar cafe.
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ