Fotona tong hilap. Utamina mah anu nuju ngamen di
trotoar.

baktos,

mrachmat uidipura

--- Aceng Abdullah Aceng Abdullah
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Tos saminggu ieu sim kuring nuju di Warsawa Polandia
> nyandak tim kasenian Unpad. Diulem ku panitia
> "Indonesia Expo" nu diayakeun ku Kedubes RI di
> Polandia.
> 
> Salian kesenian Sunda ti Unpad sareng angklung Mang
> Udjo, ditampilkeun oge tim ti Sumatera Utara sareng
> tim Shangrila Bunda pimpinan Elly Kasim. Ternyata,
> seni ti tatar Sunda pinunjul pisan.
> 
> Angklung sukses. Tim Unpad nu nampilkeun aneka
> tarian sareng rampak kendang oge diminati ku bule.
> Tim Unpad ku TV Polandia (TVP-1) disuhunkeun tampil.
> Dinten kadua oge kedah tampil di hiji college
> (sakolaan). Di college ieu malah dicobian nampilkeun
> Wayang Golek nu dongengna singkat ngan 15 menit.
> Alhamdulillah sukses oge. Barudak ger-geran seuri.
> 
> Di acara gala dinner di hotel Hilton Warsawa, tim ti
> propinsi nu sanes mung dianggap sebagai hiburan
> makan malam. Artis di panggung, bule mah tuang weh
> bari ngobrol. Trio Batak ti Sumut nu kedahna tampil
> 3 lagu, ngadat. nembe 2 lagu langsung turun
> panggung. "Percuma, kita dicuekin" saurna.
> 
> Tapi pas Rampak Kendang ti Unpad sareng Angklung
> Ujo, responna luar biasa.
> Dinten Minggu kamari oge, sejumlah seniman mahasiswa
> ti sababaraha PT di Warsawa ngajak tim Unpad
> "Ngamen" di cafe jalanan di Warsawa. Alhamdulillah,
> nabeuh bari make kaos jeung jins, oge mahasiswi
> unpad ngengklak, jadi tontonan margi dipintonkeun di
> trotoar cafe.  
> 
> 
> 
>      
>
____________________________________________________________________________________
> Be a better friend, newshound, and 
> know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now. 
>
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ
> 



      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ

Kirim email ke