Program konversi minah ka elpiji mah program pamarentah nu dicepeng ku Kamentrian BUMN. Pertamina salah sahiji ti 11 BUMN nu ngalaksanakeun program BUMN Peduli khususna ngadrop tabung nu 3 kg tea. Nu ngurus eusina mah PT Perusahaan Gas Negara. Mun lieur ku langkana tabung katut elpiji mah narosna ka Kamentrian BUMN ulah ka Pertamina atawa ka PGN. Eta duanana teh sanes perseroan tapi PT jadi neang untung, mun rek sosial lumpatna ka CSR. Kulantaran duanana iitungan matakna mun subsidi teu nampa nya Pertamina moal ngagolosorkeun minah, atuh PGN ge moal daek ari kudu ngajual murah elpiji. Welcome to capitalism.
Kieu we lah daripada lieur kukulutus mending neang duit. Mun elpiji langka pasti hargana naek. Mun harga naek panghasilan PGN naek. Singketna mun elpiji langka geuwat meuli saham PGN mun supply elpiji rek berlimpah gancang jual saham. Profit taking ulah hilap nraktir, pami loss, rugel eta mah risiko anjeun he...he... Perkara borong, cekel, jual minyak mah kahade ulah pisan...eta kasebutna Penimbun minyak, lebetna kriminal jurusan digerebeg pulisi. wilujeng JP Makarya Mawa Raharja ----- Original Message ---- From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, May 14, 2008 6:09:47 AM Subject: Re: [Urang Sunda] PERTAMINA...Perusahaan yang Turut Membangkrutkan Negara abdi mah di dieu we narosna ah... Ngeunaan konversi mitan ka elpiji, naha eta teh kahayang Pertamina atawa kahayang Pamarentah? Mun kahayang Pertamina, naha geuning buktina di lapangan mitan hese elpiji susah... Teu mampuh atawa memang niat ngulinkeun? Mun eta kahayang Pamarentah, nu baleg atuh prakna ari boga niat teh, eung..!!! Heuheu... On Wed, May 14, 2008 at 7:57 PM, MRachmat Rawyani wrote: Ceuk inyana teh, Pertamina ayeuna beda jeung pertamina baheula, leuwih transparan. Pan aya motona sagala 6 C (bersih, transparan, tanggap..... sjjb).Mun aya kapanasaran, cenah mah urang Pertamina sayagi pikeun nerangkeun sagala perkara anu jadi ganjelan. Mangga ka sing saha anu bade tumaros perkawis pertamina, langsung wae taroskeun ka urang pertamina.

