Ralat, mun rek ngaborong saham PGN ke mun tren elpiji kana ngalangkaan gancang 
beuli. Cekel. Mun tren supply elpiji kana cukup/berlimpah gancang jual. Ieu 
gaya baledog nyumput (hit and run) dina ngarawu untung.

 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, May 14, 2008 10:09:24 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] PERTAMINA...Perusahaan yang Turut Membangkrutkan 
Negara


Program konversi minah ka elpiji  mah program pamarentah nu dicepeng ku 
Kamentrian BUMN. Pertamina salah sahiji ti 11 BUMN  nu ngalaksanakeun program 
BUMN Peduli khususna ngadrop tabung nu 3 kg tea. Nu ngurus eusina  mah PT 
Perusahaan Gas Negara. Mun lieur ku langkana tabung katut elpiji mah narosna ka 
Kamentrian BUMN ulah ka Pertamina atawa ka PGN. Eta duanana teh sanes perseroan 
tapi PT jadi neang untung, mun rek sosial lumpatna ka CSR. Kulantaran duanana 
iitungan matakna mun subsidi teu nampa nya Pertamina moal ngagolosorkeun minah, 
atuh PGN ge moal daek ari kudu ngajual murah elpiji. Welcome to capitalism.

Kieu we lah daripada lieur kukulutus mending neang duit. Mun elpiji langka 
pasti hargana naek. Mun harga naek panghasilan PGN naek. Singketna mun elpiji 
langka geuwat meuli saham PGN mun supply elpiji rek berlimpah gancang jual 
saham. Profit taking ulah hilap nraktir, pami loss, rugel eta mah risiko anjeun 
he...he... Perkara borong, cekel, jual minyak mah kahade ulah pisan...eta 
kasebutna Penimbun minyak, lebetna kriminal jurusan digerebeg pulisi.

wilujeng
JP

 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: kumincir <[EMAIL PROTECTED] .or.id>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Wednesday, May 14, 2008 6:09:47 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] PERTAMINA... Perusahaan yang Turut Membangkrutkan 
Negara


abdi mah di dieu we narosna ah...

Ngeunaan konversi mitan ka elpiji, naha eta teh kahayang Pertamina atawa 
kahayang Pamarentah? Mun kahayang Pertamina, naha geuning buktina di lapangan 
mitan hese elpiji susah... Teu mampuh atawa memang niat ngulinkeun? Mun eta 
kahayang Pamarentah, nu baleg atuh prakna ari boga niat teh, eung..!!! Heuheu...


On Wed, May 14, 2008 at 7:57 PM, MRachmat Rawyani wrote:

Ceuk inyana teh, Pertamina ayeuna beda jeung pertamina
baheula, leuwih transparan. Pan aya motona sagala 6 C
(bersih, transparan, tanggap..... sjjb).Mun aya
kapanasaran, cenah mah urang Pertamina sayagi pikeun
nerangkeun sagala perkara anu jadi ganjelan. Mangga ka
sing saha anu bade tumaros perkawis pertamina,
langsung wae taroskeun ka urang pertamina.
    


      

Kirim email ke