Kang yadi, lepat ari munak diijonkeun..henteu..minyak mah komoditas
numutkeun harga pasaran..kaleresan pan abdi kaleresan icikibung didunya
perminyakan (bagian ngala jeung ngalolana)...malah pamarentah nganikmatan
DMO. Sagala Pusahaan saparantos 5 taun, kedeah ngical minyak mentah WAJIB
ngical 20% tina jumlah produksina ngango harga ngan 10% harga pasar. Mun
dina harga ayeuna ngan $ 12/barrel. Janten saleresna Pausahaan minyak anu
produksina ageung (saha wae) ngasubsidi ka pamaentah teh dina bentuk
DMO(Domestic Market Obligation). Keur pausahaan Gas nau anyar2 ieu oge sami

On 5/14/08, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   H Surtiwa wrote:
>
>  PLN tos ti taun 1991...parantos dideklarasi ku BAPENAS  kirang sae
> atanapi teu aya Planning atanapi teu mangpu nyumponan kacepetan kabutuhan
> energi kangge pangwangunan 17 taun tos ngaliwat...malah leuwih parah....tapi
> masyarakat oge sareng LSM aya andil...PLTN Muria teu disokong.............
>
>
>
>
>
>
>
> keun pltn, paling oge keur jawa-bali. sementawis ayeuna nuju dipajeng
> suralaya 2x600mw, di cilacap - adi pala- duka sabaraha, majar langkung batan
> suralaya. muga bae pasokan setrum jawa-bali kacumponan. kumargi pami nyesa,
> dikamanakeun? sementawis ayeuna tacan digarap setrum sesa ieu disimpen dina
> 'wadah' pikeun konsumsi daerah sanes [model aki, sigana tiasa dipilih].
> batubara sareng panas bumi aya prospek kapayunna. ulah dibayangkeun
> batubara diduruk langsung [emut global warming], tapi dinaekkeun niley
> kalorna tanapi dijadikeun gas heula [sukur-sukur pami tiasa dicaikeun].
> batubara di urang lumayan depositna tapi niley kalorna handap [ngora].
> potensi panas bumi nagara urang k.l. 40% potensi dunya [seueur gunung
> apina], ieu oge nembe bade/tos ngawitan digarap. contona di kamojang, wayang
> windu, lahendong, darajat. engke di aceh, maluku srrd. mugi bae.
> masalahna kanggo nu dua di luhur sieun siga minyak jeung gas deui. urang nu
> boga tapi ngan ukur ngegel curuk, da nu ngasaan nimatna harga minyak jeung
> gas teterekelan mah deungeun-deungeun.
> na kumaha kitu kajadianana?
> urang mah jadi korban ijon.  sumur minyak jeung gas teh tos diijonkeun ka
> batur ku harga sa-x dina jero sakitu puluh  taun. padahal karek oge 4 taun
> jalan, harga minyak tos ngalangkungan x per barel na, komo ayeuna mah
> puluhan kali x [=us$120]. jadi pantes mun pamarentah kudu nutupan "karugian"
> eta [rugi teh ceuk urang, da ceuk "pelakuna" mah untung, da meunang kumis i
> tea, lin?].
> kumaha ari gas?
> gas oge sarua, dikawasa ku deungeun. salah pisan teu dikawasa ku pupuk
> iskandar muda [pim]. pim butuh keur bahan baku, nya meuli kanu ngawasa.
> meunang-meunang bae tapi hargana sakitu. padahal pim kudu ngajual pupuk ku
> harga nu ditangtukeun ku pamarentah, nya moal kabedag meuli harga bahan baku
> sakitu teh. nya ngelehan bae pabrikna tutup!
> teu sedih tah ari kitu..........................????????????????????????
> jadi matak lieur ngabandunganana nagara urang mah, da mun lain karna cinta
> lemah cai bagian tina iman, duka teh teuing........
> sok geura ayeuna mah urang sauyunan - ulah silih duruk, ulah silih tuduh
> kalangsu - batan nuduhkeun malah dicabokan, silih ancam - ngheuyeuk dayeuh
> ngolah nagara tea geuning. kumaha carana................?
> nya minimal urang ulah ngarugikeun deungeun bae heula, malah mun bisa
> datangkeun mangpaat pikeun sakurilingeun awak.
> horeeeeeeeeeeeeeeeeeeeee!
>
> salam,
> yadi
>
>
>
>
>
>
>
>
> 
>

Kirim email ke