mairan deui nya kang ... Pajak Panghasilan teh maksimal ngan 30% tina net income asa didramatisir teuing ari 56 % ti net revenue mah pan revenue dikurang biaya, kakara net income ...
upami soal 70-30, ieu mah kuring ge tina berita ti tipi naha yakin 30 na nu nagara ? soalna JK cenah keur negosiasi sangkan jadi 60-40 lamun 70 na nagara meureun pamohalan JK negosiasi deui ... pas nuju seminar thesis (batur) nya kitu deui aya nu betus yen persenna leuwih gede swasta (hilap deui ari angkana mah) duka upami memang tos robih mah ... H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Sanes bebas pajak..dina istilah paushaan Minyak aya istilah "5 taun holiday' tina DMO. Ari pajak pausahaan tina panghasilan Minyak mah dibayar unggal tahun anu ageungna dina kisaran 56% tina net revenue. Upami hoyong detil tiasa ditingal di web www.bpmigas.com. Manajemen Operasi pausahaan dina Pangawasan Investasi 100% dicepeng ku BPMIGAS, Oge kumaha carana investasi diawasan 100% ku BPMIGAS. Kakara palaksanaan operasi jeung panerapan Pangaweruh teknik jeung Rekayasa diserahkeun ka Pausahaan. Anggaran jeung Program Kerja 100% kudu disatujuan ku BPMIGAS. Tibalik pangbagianna, anu ageung Nagara atuh !. Kedah kitu, pan SDA na anu rakyat ! Ari bagian bagi hasil bersihna (PSC, KKS) mah mun minyak 15 Pausahaan, 85% Nagara. lamun Gas antara 70-75 % Nagara sareng 25-30% Pausahaan. Modal usaha 100% KUDU ditalangan heula ku Pausahaan. Nagara mah teu boga duit (makana teu muncul di APBN), ieu kedah teh kontan unggal taun. Mun modal na meunang nginjeum, pamarentah teu mayar bungan, tapi bubga ditanggung Pausahaan,jeung kudu dikaluarkeun tina anggran (kulantaran anu bisa asup PSC/KKS dianggap mangpu, lamun nginjeum duit risiko sorangan mayar bungana). Kinten2 siga maro domba lah ! On 5/15/08, firman raharja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Wah leres eta teh Kang ? sakaterang mah 70-30 70 swasta 30 nagara anu 30 teh dina bentuk artos ....... enya oge panginten dasarna tina produksi mung anu 30 termasuk pajak PPh, PPN jrrd jadi meureun anu 70 geus bebas pajak ....... punten jadi rada suudon yeuh ka pausahaan swasta minyak maranehna teh ..... bebas pajak 5 tahun bebas pajak tina anu 70 %, da 30 % bagean pamarentah teh kaasup pajak nya ... saumur umur tara mayar pajak atuh ... tapi kang lamun aya lowongan bejaan kuring rek ngajleng ah ... ka pausahaan minyak Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

