Saleresna selebritis sami bae sareng masyarakat sejena dina alam demokrasi. Nu 
kanyaho mah kaahlianana maen sinetron, film, sandiwara. Mun lumpat kana widang 
lain samisal pamarentahan nya kedah dicek panginten gaduh henteuna kaahlianana, 
pan mun lain ahlina sagala urusan tinggal nungguan ancurna. Lamun ayeuna 
lalumpat ka parlemen nepi ka pilkada bari teu jelas kaahlian dina widang 
legislasi, pamarentahan, ngan saukur ngandelkeun popularitas...kumaha nya 
jadi teu pararuguh salah nu nyalon salah nu milih? 
Der selebritis daratang ka KPK, duka naon na alam pikiranana samar kitu alam 
nyata jeung alam sinetron? Asa maksakeun teuing selebritis dikaitkeun jeung 
KKN, oge KPK maksakeun teuing nampa selebritis.
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: Dela ISKANDAR <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, May 14, 2008 11:37:35 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Farhat Abbas for Walikota Bdg-------> TUTURUT MUNDING


Simkuring mah rada lareged atawa hayang seuri ku ninggali mental 
bangsa urang enya oge di era demokrasi cenah, nyaeta ku mental 
tuturut munding tea..sok tara ningali kana waragad diri.
Ditambah ku persyaratan hukum keur jadi calon walikota anu masih 
amburadul (gampang pisan). Cik atuh Farhat Abas ngan saukur pangacara 
anu can pernah katingali serabna di kancah politik atawa sumbangsihna 
ka rakyat jawa barat bisa jadi calon..? lieur..lamun bener teh...!
Meureun di Jabar teh loba anu lulusan APDN anu bener-bener nyaho 
sistem pamarentahan.
Beda jeung Dede Yusuf, nu kanyahoan gawe na sababaraha taun katukang 
keur masyarakat jabar samemeh jadi wagub ayeuna.

Simkuring pernah ngirim bantuan tsunami ti Jakarta ka Pangandaran 1.5 
poe ti saparantos kajadian teras simkuring ningali Dede Yusuf 
parantos hadir kokotoran di tempat pangungsian ti utusan PAN, 
simkuring mah teu ningali "merk" na tapi sumbangsih na. 

Jadi keur simkuring mah teu butuh calon anu make "Dasi anu mencrang" 
jeung "Selebrity" tapi naon anu geus digawekeun ka urang sunda.

hatur nuhun...
Delun
************ ***

--- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, "Aldo Desatura ™" <[EMAIL PROTECTED] .> 
wrote:
>
> DEAR,
> 
> farhat abbas? iyeu teh urang sunda lain yeuh..?? ma enya rek 
dipingpinan wae
> ku salian urang sunda..?? teu bisaeun nyepeng pamarentahaan mereun 
urang
> sunda teh..??
> 
> 
> Aldo Desatura (R) & (c)
> 62.0817.19.40. 50
> ========
> " kau membuatku mengerti hidup ini kita terlahir bagai selembar 
kertas putih
> tinggal ku lukis dengan tinta pesan damai"
>

 


      

Kirim email ke