Lamun urang ka ondangan (resepsi) atawa acara resmi sejenna, urang leuwih resep make batik tinimbang make jas jeung dasi. Tepi ka Presiden Clinton jeung Bill Gates oge marake batik waktu di Indonesia. Batik jadi pakean "resmi" sabenerna ku jasana Ali Sadikin. Duka diakhir taun 1960'an atawa diawal taun 1970'an anjeunna nu nganjurkeun batik jadi pakean nasional Indonesia. Lamun teu salah ku jasana ieu anjeunna meunang piagam dina ngapopulerkeun batik ........
Baktos, WALUYA

