> From: H Surtiwa > Asa tos aya..dina milist....aeh meureu Baraya Sunda kitu ?
Leres parantos Bah, di millis ieu (KUSNET). Ngan ari keur kuring mah, asa teu untung ngarep-ngarep Amerika bangkrut, malah lamun bener bangkrut, nu pangheulana ti jurahroh lain Amerikana, tapi nagara-nagara sejen, kaasup Indonesia. Ayeuna wae ku dampak resesi Amerika, nagara urang sakieu keukeuleuweuhanana ........ Pola pikirna kudu diganti, kudu siga Si Emang tukang sayur nu dagang make roda kukurilingan di kompleks perumahan kuring. Manehna salawasna ngarep-ngarep warga diperumahan loba rejekina, supaya dagangan manehna laku tepi rodana kosong. Si Emang sok nyaeutikan daganganana lamun pas tanggal kolot .......... Baktos, WALUYA

