Amerika teh hiji nagara kapitalis anu bisa ngadorong rakyatna hirup rongkah,
mokaha, atawa disebut komsumtip.
Pola komsumtip ieu anu ngakibatkeun ekonomi muter.
Akibat pola konsumptip, rakyat jadi paboro-boro hirup ngeunah, imah gede, alus,
mobil hade, motor gede jsb, atuh antuknya ngarangsang jelema kerja keras keur
minuhan kabutuhanana.
Conto anu real, teu sirikna di Amerika jelema tiap minggu meuli baju anyar,
baju urutna beng dibikeun ka yayasan-yayasan (dikirim ka Indonesia), tah baju
anyarna didatangkeun ti Indonesia, jadi mere pagawean keur rakyat Indonesia,
kitu oge sapatu jeung barang sejena.
Urusan menghabiskan minyak oge USA no hiji, keperluan minyak sadunya teh
dibeakeun di USA sapertiluna, padahal rakyatna ngan tilu ratus juta.
Tapi hirup geus boros oge, nyatana barang loba teuing di USA teh, tiap minggu
ganti baju anyar, tiap tahun ganti mobil anyar, tetep teu bisa meakeun produksi
nu dijieun atawa anu didatangkeun ka USA, nya antukna barang-barang ieu numpuk
minuhan gudang ............ akibatna ekonomi mandeg, jadi kumaha tah ?
Padahal eta barang teh geus diual murah mareh ........ harga baju ber merk di
USA teh jauh leuwih murah tibatan di Indonesia mah, komo mobilmah, kajida
murahna ........ tapi tetep we Amerika teu bisa meakeun ieu barang.
Resesi sabenerna akibat tina numpukna barang .................
Maenya rek tiap poe ganti baju anyar, kajeun teuing ongkos nyeseuh leuwih mahal
ti harga baju anyar, jigana can lumrah ganti baju anyar tiap poe.
Akibat resesi di USA, anu ngarasakeunana hampir sakabeh bangsa di Asia, sabab
barang-barang kaperluan sapopoe di USA disadiakeun ku China, Taiwan, Vietnam,
Indonesia jsb ...... jadi tong heran order nyieun encit, tarumpah atawa kopeah
ka Indonesia bakal ngurangan..
Jadi sabenernamah urang kudu ngajorong supaya USA anu ayeuna sebagai pasar
konsumptip utama terus jalan, sabab ngandeulkeun Europa mah mah buktina teu
aya....nilai ekspor ka europa kecil pan.
sakieu heula.
wass
ws
H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Tah eta Kang
W..teu sadayana..jalmi gaduh pamikiran praktis empiris....apa anu puas kumaha
wae hasilna..asal aspirasina kacumponan....cenah mah process oriented...Ari
ceuk abdi mah sanes .....teu nagrti kaayaan............
On 5/22/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > From: H Surtiwa
> Asa tos aya..dina milist....aeh meureu Baraya Sunda kitu ?
Leres parantos Bah, di millis ieu (KUSNET). Ngan ari keur kuring mah, asa
teu untung ngarep-ngarep Amerika bangkrut, malah lamun bener bangkrut, nu
pangheulana ti jurahroh lain Amerikana, tapi nagara-nagara sejen, kaasup
Indonesia. Ayeuna wae ku dampak resesi Amerika, nagara urang sakieu
keukeuleuweuhanana ........
Pola pikirna kudu diganti, kudu siga Si Emang tukang sayur nu dagang make
roda kukurilingan di kompleks perumahan kuring. Manehna salawasna
ngarep-ngarep warga diperumahan loba rejekina, supaya dagangan manehna laku
tepi rodana kosong. Si Emang sok nyaeutikan daganganana lamun pas tanggal
kolot ..........
Baktos,
WALUYA
---------------------------------
Yahoo! Toolbar kini dilengkapi dengan Search Assist. Download sekarang juga.