> From: Nana Suwargana
> ceuk cenah
> pejuang penentang darwinisme asal Turki ayeuna keur dibui
> aya anu terang informasi lengkapna
> karunya da

Leres Kang, wartana kungsi ku kuring diposting didieu. HY dihukum lain 
kulantaran nentang teori Darwin, tapi dituduh nyieun yayasan ilegal terus 
ngumpulkeun duit keur kapentingan pribadi. Dina blog-blog oge aya nu 
nyebutkeun HY oge disebutkeun ngalakukeun tindakan kriminal sejenna. Malah 
cenah kungsi ngablokir blog-blog di Turki nu nentang teori manehna. Duka 
leres henteuna mah, ngan nu jelas HY lain akhli dina widang biologi, 
kedokteran atawa anthropologi, manehna sakolana "fine art", lamun teu salah 
teu tamat. Buku-bukuna, kuring geus maca,  leuwih ngaharib-harib buku Ilmiah 
Populer tinimbang publikasi hasil panalungtikan para akhli. Eusina ukur 
cutut-cutat tiditu-tidieu, cutatan perdebatan para akhli nu kabeh ge 
pendukung Teori Darwin. Ku HY padungdengan ieu, ditafsirkeun ku sorangan, 
teus surak : Teori Darwin Runtag !"

Debat para akhli hal nu wajar, siga debat Prof Yacoob Alm, nu akhli 
Anthropologi UGM jeung akhli ti Australia, perkara "Jelema kate ti Flores". 
Tapi ku HY debat-debat model kieu, dicutat, terus ditafsirkeun dijieun 
kacindekan ku manehna sorangan. Padahal manehna acan tanggtu kungsi 
nalungtik tulang-taleng fosil ....da hese ari lain akhlina .....

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke