joko sutrisno jeung joko suprapto teh beda joko sutrisno (elekrolisis larutan basa hasilna dicampur bensin) hasilna bensin rich-H2 joko suprapto (elektrolisis larutan garam, cai laut, hasilna ngajenuhkan rantai karbon biomass) hasilna blue energy
cobian mun nyieun kincir angin di basisir, murah teu, fuel cell mah mahal bari daya-na leutik pisan asana.............. hidup Urang Sunda........... Iwan ----- Pesan Asli ---- Dari: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Terkirim: Rabu, 28 Mei, 2008 12:00:08 Topik: Re: [Urang Sunda] "Blue Energy" Made In Madiun .... Mangga tingali dina Kompas seatan Ir. Ninok Leksono kana topik ieu. Anu didamel ku pak Joko teh teu sami sareng judlna..." BBM digentos ku BBA"..tah ieu anu matlak geunjelueng. .anu dirorotek teh..nambihan gas H2 hasil alat elektrolisis saderhana .kanggo ngagemukkan (enrich ?/) uap bengsin..janten bahan bakarna mah tetep wae BBM ! Ari asli BBH mah pan ngan aya Fuel Cell anu awis pisan sareng gas Industri H2 (hydrogen) hasil proses elektrolisa. Skala komersil mah lami keneh..Amrik sorangan ngarepkeun sapuluh taun deui........ . On 5/28/08, RAHDIAN SAEPULOH <rahdiansaepuloh@ yahoo.com> wrote: Punten ah ngiringan masihan komen. Menurut Jakarta post kaping 27 Mei kamari. Eta teh sapertos na mah leres. Tapi perlu klarifikasi kumargi eta cai teh sanes panggentos minyak.. Tapi tiasa ngajantenkeun panganggoan bensin janten irit. Sapertos penjelasannana, Bapak Joko nyebatkeun yen di lebet H2O teh upamami di pisahkeun janten H2 O2. tah kinerjana kanggo mesin kumaha? Mesin meryogikeun pengapian (anu tiasa di candak tina hidrogen), carana kumaha? anjeuna ngagunakeun botol kanggo tabung cai berbentuk (sapertos ifusan) alat ieu anu tiasa mecah senyawa hidrogen tina cai. Sateuacana anjeuna naroskeun ka salah sahiji dosen di UGM perkawis kinerja mesin tina hidrogen. Dosen eta (anu teu disebatkeun namina) ngalereskeun tiasa. Tapi anjeuna dua an bingung kumaha carana misahkeun hidrogen tina cai? Saatos eta anjeuna ngalakukeun percobaan-percobaan dugikeun kamendakan carana. Nyaeta botol anu sapertos infusan tea (anjeuna mung ngagunakeun botol,kabel sareng selang. MIRAH PISAN), disambungkeun kana "coil" sareng "aki". Di tempat anjeuna tos seueur anu nganggo ieu alat supados bahan bakarna irit. pangaosna mung Rp. 75.000 kanggo motor, Rp. 150.000 kanggo mobil. TAPI sanes komersil. anjeuna peryogi eta artos kanggo ngagaleuh barang-barang kanggo ngadamel eta alat. Anjeuna dipiwarang ngapatenkeun eta penemuan. Tapi anjeuna nolak. Anjeuna hoyong eta alat tiasa di kembangkeun ku saha wae jalmi anu tertarik. "Syukur-syukur aya anu tiasa ngembangkeunnana" saur Joko. Tapi Joko miharepkeun bantuan ti pamarentah kanggo ngembangkeun penemuanana. kanggo catatan: Namina Joko Sutrisno. nami alatna "electrolyzer". Electrolyzer terhubung langsung ke aki. tiasa ngahemat penggunaan bahan bakar dugikeun ka 70% Perbandingan: tanpa electrolyzer konsumsi bahan bakar anu dianggo kanggo motor Joko 1:30 (1 liter pemakaian bensin kanggo 30 km). Saatos ngaggo electrolyzer rasio na janten 1:55 (1 liter kanggo 55 Km) Tahun 1995 Joko nyiptakeun antena telepon kanggo daerah terpencil. Disebatkeun yen ieu alat tos kabuktos kinerjana sareng tos dianggo ku seueur jalmi ditempatna. Bilih aya anu tertarik mangga dongkap ka Joko.. Hebat nya orang Indonesia mah tibaheula oge. Mung hanjakal weh tara kasalurkeun katiasana. SOK ATUH KA BAPAK-BAPAK PAJABAT, AMENGNA ULAH DI KOTA WAE! MALIHAN MAH AMENG KA DAERAH-DAERAH, SOK SEUEUR ANU ANEH-ANEH. EMUT KA ORANG DAERAH! DA ARANJEUN OGE ORANG DAERAH WUNGKUL KAN?! Toha <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Mun ceuk mas priyadi mah nu kieu teh disebut teori konspirasi. Lamun bener ieu kajadian, pasti BBM moal ditaekun, sabab sumberna cai masih berlimpah heu..heu... link-na mangga toong dideu. http://priyadi. net/archives/ 2008/05/23/ blue-energy- dan-teori- konspirasi/ 2008/5/27, Waluya <[EMAIL PROTECTED] co.id>: Kuring teh panasaran, macaan dina Detikcom, cenah aya urang Indonesia nimukeun cara kumaha cai jadi Bahan Bakar ku jalan nyokot unsur Hidrogen nu ngabentuk senyawa cai (H20). Aran jelema ieu Joko Suprato nu cicing di Madiun di Jawa Timur. Loba nu katarik ku pamanggih Joko ieu kaasup penasehat SBY. Joko dimodalan, cenah pabrik keur produksina di Cikeas, deukeut imah SBY. Terus kabejakeun Joko ngaleungit, tapi ayeuna geus kapanggih deui. Joko disebut-sebut lulusan Elektro UGM, tapi hal ieu ditolak ku UGM. Duka saha Joko Suprapto teh .... Nu kuring panasaran, naha bener Joko bisa manggihan Bahan Bakar non minyak tina Cai? Kumaha metodena? Hebat lamun bener teh, kudu meunang Nobel. Ngan lamun teu bener, beu euy .....kacida teuing para gegeden nu diluhur, bisa percaya kitu wae kanu hal-hal anu acan kabuktian sacara ilmiah. Boa-boa alam pikiran "pangawasa" teh masih sarua wae jeung jaman "tai kotok dilebuan", nu percaya ka dukun. Bedana teh ari baheula mah "dukun" make jangjawokan ari ayeuna mah dukun teh dibungkus kunu siga ngilmiah-ngilmiah ...... Baktos, WALUYA -- Regards Toha ------------ --------- --------- --------- --------- --------- --------- ----- "Jika ada Kemauan, Pasti ada Jalan". "Jika belum Ketemu Jalan, Buatlah Jalan" Dapatkan situs lowongan kerja - Yahoo! Indonesia Search. http://id.search.yahoo.com/search?p=lowongan+kerja&cs=bz&fr=fp-top

