aya deui?? rame oge, aneh. mun aya mah gambar atawa pidiona Kang........ kuring mah can pernah ka Saudi
----- Pesan Asli ---- Dari: mj <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Terkirim: Rabu, 28 Mei, 2008 13:35:33 Topik: [Urang Sunda] sarupaning arab saudi (2) Dunungan week-end Dunungan dulur si kuring eta, asana ngarana Usman, pan boga istri dua. Hiji waktu duanana diajak week-end ka vila nu aya di kawasan pertanian boga manehna di Al-Kharj tea. Kumaha datangna? Masing-masing istri make limousine (mobil sedan nu panjang tea, di jakarta aya teu?) jeung barudak nu laleutik keneh, supirna nya migran. Ari nu geus galede mah cenah marake mobil sorangan. Da ari datang teh cenah, sok nepi ka 20 mobil mah. Ngabring. Kalolobana mobil amerika nu di urang euweuh. Usman teh cenah lain kulawarga raja. Bayangkeun mun kulawarga raja. Ngaran Saudi Arabia atawa Arab Saudi Harti biasa mah, jadina Arab nu Saud.. Pendiri karajaan eta, ibnu Saud, atawa klan/tribe/marga Saud. Cenah baheula, meureun saacan perang dunya II, Saud eta, ngahijikeun suku2 badwi nu nodamen tea. Salah saratus carana, kucara ngawin anak kepala tribe/klan.. jadi leuwih ti opat, harem tea meureun. Jadi loba anak nu masing2 meureun sarua ngadukung bapana jeun katurunana. Jadi beungkeutan kuat karajaan. Ongkoh kamakmuranana dibagikeun ka sakabeh rahayat. Sikep ka Amerika Loba urang amerika boh sipil boh tangtara. Sikep ka amerika siga menak baheula urang ka walanda cenah. Dahar Si dunungan hiji mangsa ngajak dahar bareng. Cara dahar lalaki teu make piring. Tapi dihijikeun dina wadah. Cara tumpeng di urang kitu.dahar langsung tina tempat tumpeng eta. di tengahna deungeuna, nyaeta kambing guling hiji atawa bakakak hayam 20 cenah. Eta teh pikeun sabaraha urang? Opatan. Haha. Runtah Tempat pagawe aya kana dua ratus meter ti villa. Masing-masing villa di urus ku migran oge. Sok didatangan sakapeung pikeun week-end (perena jumaah, lain minggu). mun dunungan jeung dua istri oge barudakna geus baralik, pagawe kebon sok daratang. Rek naon? Rek mariksa tempat runtah. Sabab runtah di vila eta mah cenah, lain runtah samanea. Dus rokok Marlboro (lain bungkusna, dusna-slofna) di tempat runtah kaciri seseg keneh. Ari ditempo teh cenah, loba keneh. Nya dicokotan. Kitu deui nu pangangguran mariksa bungkusan rokok marlboro, ditempo teh rokona laloba keneh. Bayangkeun cenah, aya budak dunungan, meureun umur SMA di urang, udud sabatang, panjang keneh dipiceun. Rek udud deui teh, lain nyokot ti bungkus nu geus dibuka, tapi muka deui bungkusan anyar. Hehe. ________________________________________________________ Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

