Haturan kulawargi KUSNET sadaya, Pak Moderator oge, 

Kumargi sim kuring sareng wargi-wargi lulusan SMPN 2 Garut angkatan 
1984-1987 (lulusan tahun 1987) bade ngayakeun riung mungpulung alias 
reuni di Garut, kaping 4 Oktober 2008, ngiringan posting kanggo 
ngabewarakeun reuni-nya!

Atuh kanggo baraya lulusan SMPN 2 Garut angkatan 1987, sateuacana 
Reuni kaping 4 Oktober 2008 diayakeun, sim kuring saparakanca bade 
ngayakeun sababaraha kali kempelan kanggo nampung ide sareng input ti 
baraya sadayana. Kumargi kitu, kanggo informasi salengkapna supados 
tiasa ngahubungi sim kuring di alamat e-mail [EMAIL PROTECTED]

Diantos pisan waleran ti wargi2 SMPN 2 Garut sadaya, hayu urang mulih 
deui ka Garut!

Uce



Kirim email ke