Kamis, 2008 Mei 29
CEULEUKEUTEUK
DIBUNGBUAN
Beurit 1: "Peuting mah kuring disuguhan ku manusa. Sangu pulen, hayam jeujeut,
jaba dibungbuan. Tapi, ah teu didahar!"
Beurit 2: "Bodo maneh mah!"
Beurit 1: "Matak teu didahar ge ku sabab kuring pinter. Heueuh sangu jeung
dagingna mah lezat, ngan eta bungbuna ..."
Beurit 2: "Naon bungbuna?"
Beurit 1: "Racun beurit!"
MI INSTANT
Nuryani carang iinditan numpak mobil.
Hiji poé ku Winarni diajakan ka dayeuh numpak beus regulér antar kota anu
heurin hésé hitut-hitut acan.
Ditengah perjalanan hujan turun, kapaksa jandéla ditutup. Teu kungsi lila...
sekh, pelengseng bau hitut mani puleeeen téh.
Digigireun Nuryani aya budak ngora tapi sigana mah lolong da maké kaca mata
hideung.
“ Dari jenis baunya saya bisa menentukan, bahwa sipelaku sedang nyeri beuteung
sanggeus
sarapan jéngkol nu loba teuing “.
Atuh kontan Nuryani seueul hayang utah, tapi jandéla beus narutup da hujan, nya
kapaksa ditahan-tahan sabisana.
Teu kungsi lila beus nepi ka hiji terminal, reg eureun. Nuryani teu miceun
kasempetan deui, langsung muka jandéla, oroloooo..... mani paranjang siga
cacing, éh ké heula lain cacing gening, tapi emi instant urut sarapan tadi isuk.
“ Ampuuuunn... Gusti...., béak dagangan aing ..........! “, sora nu ngajerit
diluareun beus.
Panasaran ditingali ku Winarni. Euleuh-euleuh tukang leupeut nu kabagian rezeki
téh, dina nyiruna mani pinuh ku emi !
lihat artikel lain di : www.pwsmedan.blogspot.com
Abah Tea