Aya 3 sato anu kungis kabejakeun sacara biologis paling deukeut sasaruanana jeung jelema nepi ka mindeng dijadikeun : kelinci percobaan: monyet (karuhan nu ieu mah), beurit, jeung sapi. Anu jadi hemeng teh eta kunaon julukanana bet "kelinci percobaan"? Naha kelinci oge mindeng dijadikeun sato keur percobaan? Atawa sarupaning nasib goreng mah ditibankeun ka kelinci (nu sejenna upamana simbol "play boy"). Cikan guar Bah ngeunaan asal-usul istilah "kelinci percobaan".
manAR On Thu, May 29, 2008 at 10:55 AM, waluya2006 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Manusa ngaku mangkeluk pang muliana di dunya, malah meureun di > universe, da acan kabuktian aya mangkeluk sejen di luar angkasa. > Manusa oge embung dianggap sarua jeung monyet, tepi ka kekepehan. > Ngan sakapeung manusa teu konsisten jeung sikepna. Waktu maranehna > gering, maranehna neangan ubar. Supaya ubar aman didahar ku manusa, > dicobaan heula ka monyet. > > Naha make dicobaan heula ka monyet? Lain manusa teh teu sarua jeung > monyet? Ah nya duka teuing, nu jelas keur para monyet ieu > kasangsaraan. Di Indonesia monyet ditewakan, terus dikarantina di > pulo kosong deukeut Ujung Kulon. Geus kitu dipilihan nu jagjag > waringkas, diasupkeun kana kandang, terus diekspor ka mancanagara > keur industri farmasi. > > Di ditu, eta monyet teh dgeringan disuntik panyakit, terus dibere > ubar. Lamnu cageur ...ieu ubar aman keur manusa. Ngan tangtu we keur > monyet mah jadi siksaan, sigana lamun jelema mending paeh digebug > sakaligus, tinimbang disiksa dibere panyakit. Manusa oge sanajan > embung disebut "dulur misan"na Chimpanse, tapi kungsi chimpanse > dipaehan diala jantungna, ditranspalasikeun ka jelema. Anehna eta > jelema teh hirup sanajan teu lila, ukur sabulan .... > > Sigana nu paling teu resep kana elmu biologi komo kana teori Evolusi > mah, nya para monyet ieu. Maranehna jadi korban ku teori nu > nyebutkeun monyet "dulur misan"na manusa! > > Baktos, > WALUYA > >

