Baheula mah, demonstrasi teh hiji ciciren rahayat geus
teu mampu deui nandangan katalangsara, supaya meunang
"perhatian" ti anu berwenang. Tah, lamun aya rahayat
ngajengjen nangtung di alun-alun, biasana mah sok
disampeurkeun ku pangawasa (raja), ditalek aya naon.
Raja teu meunang nolak lamun kadatangan ku rahayat anu
ngajengjen nangtung di lapangan, sok sanjan
kaperluanana ngan sakadar menta duit keur waragad
sakola anakna. Kitu tah asal muasalna demonstrasi
jaman baheula,ceuk dongeng Sri Sultan Yogya waktu
kamari nganjang ka UI.
Kadieunakeun, para mahasiswa UI "niron-niron"
demonstrasi siga kitu. Jelegur wae demo 1966,
nurunkeun Orde Lama. Terus beledag peristiwa Malari
1974, nolak ASPRI Presiden. Ti dinya tah, kampus
Salemba 6 Jakarta jadi "ikon" demo, protes ka
pamarentah. Pokona lamun aya demo di Kampus Salemba,
sok aya wae kajadian di pamarentahan.

Tapi Sa prak "ikon" demo "diambil-alih" di Bunderan
Patung selamat datang payuneun Hotel Indonesia, Kampus
Salemba jadi sepi. Pikeun urang UI mah (utamana
pangawasana) gumbira (tiis ceuli herang mata), sabab
moal jadi pipikiran. Soalna  biasana upaama aya demo
di Salemba teh, krang-kring telepon ti intel, kampus
dijaga pihak kaamanan. Pokona mun aya demo teh, pasti
riweuhna.

Kusabab tempat umum, jadi saha wae anu ngarasa boga
katugenah, sawaktu-waktu bisa ngayakeun demo di
Bunderan air mancur HI (meureun ngarah katingali ku
balarea). Tapi sigana, para "penggila" demo teh
resepeun pisan neangan tempat-tempat anu dianggap
strategis pikeun demo jeung narik perhatian balarea.
Pan kungsi tempat patung Proklamator Soekarno-Hatta
jadi tempat demo anu dipikaresp. Ayeuna jigana "ikon"
demo teh nambah deui, nyaeta di Silang Monas jeung di
hareupeun istana. Sigana kurang afdol lamun demo ngan
sakadar ditempoan ku jalma anu dina mobil. Tapi kudu
disaksian ku Monumen nasional jeung ku Istana
Presiden.
Akibatna, nya kajadian siga kamari. Pan bisa
kawartakeun kamana mendi.

Baktos,

mrachmat uidipura

--- Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ceuk kuring mah demo-demo teh ulah di DKI lah, komo
> di Monas, Thamrin, Sudirman mah pararanas jadi
> hawana ge panasss babari beringasan. Mun bisa mah
> demo teh tos we dikebon raya atawa di taman cibodas,
> atawa di lido. Nu pang apdol mah demo di Cimalati
> mun tos panas kantun jleng we...
> Mun Jakarta geus iuh ku tatangkalan pleus
> aya pancuran cai nu bisa langsung diinum kawas di
> luar nagreg asana mah moal sa beringas kawas ayeuna
> nu daremo.
> cag ah
>  
> Makarya Mawa Raharja
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: dicksvf <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Sunday, June 1, 2008 11:55:52 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Kiai digebugan FPI!
> 
> 
> nya ari tos TITIK mah berarti heup atuh nya?
> enya atuh ari kitu mah, urang jep weh...
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, "Waluya"
> <waluya2006@ ...> wrote:
> >
> > Ngagebugan mah ngagebugan we, tindakan kriminal,
> TITIK, teu kedah
> milarian 
> > alesan keur ngabenerkeunana ....
> > 
> > WLY
> > 
> > ----- Original Message ----- 
> > From: gusaeni
> > To: Waluya
> > Sent: Monday, 02 June, 2008 12:07 PM
> > Subject: Re: [Urang Sunda] Kiai digebugan FPI!
> > 
> > 
> > Ieu akibat pamarentah nu teu tegas, lamu Ahmadiyah
> sesat nya sok atuh
> > geura kaluarkeun SKB-na. Ulah dilila-lila anu
> antukna amarah rahayat
> > teu bisa kabendung.
> >
> 
>  
> 
> 
>       



      

Kirim email ke