Tapi demo taun 1966 mah sayah oge palaku..beda pisan...spontanitas..teu aya dropan nasi bungkus..paling henteu di ITB...jeung tara provokasi Patugas ..harita tangtara jeung CPM....para tokoh mahasiswa lobby heula ka Komandan...malah menta patunjuk..kumaha carana supaya aman...Jadi tara bentrok jeung Patugas ..kaculai basa di Jkarta..jeung Cakrabirawa....
On 6/2/08, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Baheula mah, demonstrasi teh hiji ciciren rahayat geus > teu mampu deui nandangan katalangsara, supaya meunang > "perhatian" ti anu berwenang. Tah, lamun aya rahayat > ngajengjen nangtung di alun-alun, biasana mah sok > disampeurkeun ku pangawasa (raja), ditalek aya naon. > Raja teu meunang nolak lamun kadatangan ku rahayat anu > ngajengjen nangtung di lapangan, sok sanjan > kaperluanana ngan sakadar menta duit keur waragad > sakola anakna. Kitu tah asal muasalna demonstrasi > jaman baheula,ceuk dongeng Sri Sultan Yogya waktu > kamari nganjang ka UI. > Kadieunakeun, para mahasiswa UI "niron-niron" > demonstrasi siga kitu. Jelegur wae demo 1966, > nurunkeun Orde Lama. Terus beledag peristiwa Malari > 1974, nolak ASPRI Presiden. Ti dinya tah, kampus > Salemba 6 Jakarta jadi "ikon" demo, protes ka > pamarentah. Pokona lamun aya demo di Kampus Salemba, > sok aya wae kajadian di pamarentahan. > > Tapi Sa prak "ikon" demo "diambil-alih" di Bunderan > Patung selamat datang payuneun Hotel Indonesia, Kampus > Salemba jadi sepi. Pikeun urang UI mah (utamana > pangawasana) gumbira (tiis ceuli herang mata), sabab > moal jadi pipikiran. Soalna biasana upaama aya demo > di Salemba teh, krang-kring telepon ti intel, kampus > dijaga pihak kaamanan. Pokona mun aya demo teh, pasti > riweuhna. > > Kusabab tempat umum, jadi saha wae anu ngarasa boga > katugenah, sawaktu-waktu bisa ngayakeun demo di > Bunderan air mancur HI (meureun ngarah katingali ku > balarea). Tapi sigana, para "penggila" demo teh > resepeun pisan neangan tempat-tempat anu dianggap > strategis pikeun demo jeung narik perhatian balarea. > Pan kungsi tempat patung Proklamator Soekarno-Hatta > jadi tempat demo anu dipikaresp. Ayeuna jigana "ikon" > demo teh nambah deui, nyaeta di Silang Monas jeung di > hareupeun istana. Sigana kurang afdol lamun demo ngan > sakadar ditempoan ku jalma anu dina mobil. Tapi kudu > disaksian ku Monumen nasional jeung ku Istana > Presiden. > Akibatna, nya kajadian siga kamari. Pan bisa > kawartakeun kamana mendi. > > Baktos, > > mrachmat uidipura > > --- Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED] <jalakpakuan%40yahoo.com>> wrote: > > > Ceuk kuring mah demo-demo teh ulah di DKI lah, komo > > di Monas, Thamrin, Sudirman mah pararanas jadi > > hawana ge panasss babari beringasan. Mun bisa mah > > demo teh tos we dikebon raya atawa di taman cibodas, > > atawa di lido. Nu pang apdol mah demo di Cimalati > > mun tos panas kantun jleng we... > > Mun Jakarta geus iuh ku tatangkalan pleus > > aya pancuran cai nu bisa langsung diinum kawas di > > luar nagreg asana mah moal sa beringas kawas ayeuna > > nu daremo. > > cag ah > > > > Makarya Mawa Raharja > > > > > > > > ----- Original Message ---- > > From: dicksvf <[EMAIL PROTECTED] <d.kurnia%40gmail.com>> > > To: [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com> > > Sent: Sunday, June 1, 2008 11:55:52 PM > > Subject: Re: [Urang Sunda] Kiai digebugan FPI! > > > > > > nya ari tos TITIK mah berarti heup atuh nya? > > enya atuh ari kitu mah, urang jep weh... > > > > --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, "Waluya" > > <waluya2006@ ...> wrote: > > > > > > Ngagebugan mah ngagebugan we, tindakan kriminal, > > TITIK, teu kedah > > milarian > > > alesan keur ngabenerkeunana .... > > > > > > WLY > > > > > > ----- Original Message ----- > > > From: gusaeni > > > To: Waluya > > > Sent: Monday, 02 June, 2008 12:07 PM > > > Subject: Re: [Urang Sunda] Kiai digebugan FPI! > > > > > > > > > Ieu akibat pamarentah nu teu tegas, lamu Ahmadiyah > > sesat nya sok atuh > > > geura kaluarkeun SKB-na. Ulah dilila-lila anu > > antukna amarah rahayat > > > teu bisa kabendung. > > > > > > > > > > > > > > > >

